Jabur 55
Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Lagu atikan karangan Daud. (55-2) Nun Allah, dangukeun paneda abdi, panyambat abdi ulah dipungkuran.
(55-3) Mugi perhatoskeun, paparin waleran, abdi teu kiat deui nandang kabingung.
(55-4) Abdi gugup ku ancaman musuh, sieun ku panggencetna anu jarahat. Sakitu nyaresahkeunana ka abdi, arijideun, arambekeun.
(55-5) Abdi teh sieun, gigis gimir ku ancaman ajal.
(55-6) Abdi dugi ka ngeleper ngadegdeg, sieun taya papadana.
(55-7) Dugi ka hayang jangjangan sapertos japati, bade hiber neangan tempat nu aman.
(55-8) Bade hiber masing tebih, teras cicing di gurun keusik.
(55-9) Moal talangke deui neangan tempat nyalindung, nyingkiran topan jeung hujan angin.
(55-10) Nun PANGERAN, pasaliakeun paguneman musuh-musuh abdi. Di kota katingal aya rurusuh sareng kakerasan,
(55-11) siang wengi ngurilingan kota. Kota pinuh ku kajahatan jeung kasusahan.
(55-12) Di mana-mana ruksak, jalan-jalan pinuh ku tukang ngagencet jeung tukang nipu.
(55-13) Saleuheung lamun anu ngahina teh musuh, kaula kuat nangankeun saleuheung lamun anu nyombong ka kaula teh lawan, kaula bisa nyingkir, nyumput ti manehna.
(55-14) Ieu mah nu kitu teh anjeun pisan, batur sorangan, batur rerentetan, sobat dalit;
(55-15) batur nyarita nu geus kacida lomana, anu tuman babarengan ngabakti di Bait PANGERAN.
(55-16) Muga-muga musuh-musuh teh paraeh ngadadak, sing dikubur hirup-hirup, sabab di imahna jeung dina hatena ngukut kajahatan.
(55-17) Ari kaula mah nyambat ka Allah, tangtu ku PANGERAN dijait.
(55-18) Isuk-isuk, sore, peuting, panyambat jeung rumahuh kaula hanjat ka Mantenna soara kaula tangtu didangukeun.
(55-19) Kaula tangtu disalametkeun ti musuh anu narajang, anu ngambreg sakitu lobana.
(55-20) Allah anu nyepeng parentah ti jaman langgeng, baris nulungan kaula ngelehkeun musuh, sabab maranehna arembungeun tobat jeung teu sarieuneun ku Mantenna.
(55-21) Eta nu tadina batur kaula teh malik nyerang babaturanana, ingkar tina jangji-jangjina.
(55-22) Ucap-ucapanana memang sareh, tapi hatena pinuh ku kangewa; omonganana laleucir ibarat minyak, tapi seukeut matak raheut kawas pedang.
(55-23) Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.
(55-24) Nanging nun Allah, memeh eta nu sok maraehan sareng naripu nepi ka tengah umurna, ku Gusti bakal digebruskeun ka jero kuburanana. Dupi abdi mah percaya ka Gusti.