:

Jabur 56

1

Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Japati bisu di nu jauh. Jabur Daud, waktu anjeunna ditangkep ku urang Pelisti di Gat. (56-2) Sing hawatos ka abdi, nun Allah, ieu abdi ditarajang, teras-terasan bae digencet ku musuh.

2

(56-3) Nu merangan sakitu seueurna, sadinten jeput haben bae ngabereg.

3

(56-4) Waktos geumpeur kieu, nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, abdi ngaharep ka Gusti.

4

(56-5) Kaula teu sieun, sabab percaya ka Allah. Kaula muji ka Mantenna ku tina jangji-Na. Rek bisa naon manusa ka kaula?

5

(56-6) Sadinten jeput hayoh bae musuh teh ngarah, teu eureun-eureun ihtiar nyilakakeun abdi!

6

(56-7) Maranehna ngumpul di nu buni, ngintip kalakuan abdi, harayangeun maehan.

7

(56-8) Hukum eta jelema-jelema jahat teh, nun Allah. Tumpurkeun, hudangkeun amarah Gusti!

8

(56-9) Gusti uninga kumaha susahna abdi teh. Gusti uninga jumblah keclak cipanon abdi. Sanes parantos dicatet dina kitab Gusti?

9

(56-10) Dina dintenan abdi nyambat ka Gusti, musuh abdi pasti undur. Kaula yakin yen Allah aya di pihak kaula,

10

(56-11) nya eta PANGERAN, anu jangji-Na ku kaula dipuji-puji.

11

(56-12) Kaula teu sieun, sabab percaya ka Mantenna. Rek bisa kumaha manusa ka kaula?

12

(56-13) Nun Allah, abdi nyumponan jangji, nya eta nyanggakeun kurban panarima ka Gusti.

13

(56-14) Wireh Gusti parantos ngajait abdi tina ajal, sareng teu kantos eleh ku musuh, dugi ka abdi tiasa keneh lumantung di payuneun Gusti, dina cahaya nu nyaangan ka nu harirup.

Link: