:
1 Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Ti Daud. (61-2) Nun Allah, dangukeun panyambat abdi, perhatoskeun paneda abdi!
2 (61-3) Sajeroning pegat harepan tur tebih ti rorompok, ka Gusti abdi cumeluk! Candak abdi nyalindung ka nu aman,
3 (61-4) nya Gusti panyalindungan abdi teh, benteng abdi anu weweg enggoning ngayonan musuh.
4 (61-5) Widian abdi cicing di kasucian Gusti saumur hirup, supados aman dina aub jangjang Gusti.
5 (61-6) Gusti parantos ngadangu jangji abdi, nun Allah, sareng parantos maparin naon-naon anu digaduhan ku jalmi-jalmi anu hormat ka Gusti.
6 (61-7) Mugi raja dipanjangkeun yuswa, widian hirup salalamina!
7 (61-8) Mugia anjeunna marentah sapapaosna di payuneun Gusti, nun Allah, mugi diaping ku kasatiaan sareng kaasih Gusti.
8 (61-9) Ku hal eta, abdi bade nyanggakeun pupujian ka Gusti, sareng nedunan jangji, unggal dinten bade nyanggakeun kurban.