:

Jabur 62

1

Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun Yedutun. Jabur Daud. (62-2) Kaula kudu sabar ngadago dijait ku Allah, ngan ka Mantenna kaula muntang teh.

2

(62-3) Ngan Mantenna nu ngaraksa jeung nyalametkeun kaula, Mantenna benteng kaula, jadi kaula moal bisa eleh.

3

(62-4) Rek tepi ka iraha maraneh narajang ka jalma saurang, nu kakuatanana sarua jeung pager ruksak?

4

(62-5) Niat maraneh taya lian, rek ngarurud anjeunna tina kalungguhanana; maraneh teh jalma palsu. Ari biwir ngadoakeun, hate mah ka anjeunna nyumpahan.

5

(62-6) Kaula ngan gumantung ka Allah, pangharepan ditamplokkeun ka Mantenna.

6

(62-7) Ngan Mantenna nu ngaraksa jeung nyalametkeun kaula, Mantenna benteng kaula, jadi kaula moal bisa eleh.

7

(62-8) Kasalametan jeung kahormatan kaula estu gumantung ka Allah, Allah teh benteng kaula anu tohaga, panyalindungan kaula.

8

(62-9) He rahayat, sing tetep percaya ka Allah, wakcakeun sakabeh kasusah ka Mantenna, karana Allah teh panyalindungan urang.

9

(62-10) Kabeh manusa lir sarenghap napas, menakna, cacahna, sarua taya ajenna. Mun ditimbang, ngoleang taya bobotna, leuwih hampang manan ambekan sarenghap.

10

(62-11) Ulah ngandelkeun kakerasan, ulah hayang beubeunangan ku rarampog, malah najan beuki beunghar oge eta kabeungharan teh ulah dijieun andelan.

11

(62-12) Leuwih ti sakali kami ngareungeu Allah ngadawuh, yen kakawasaan mah kagungan Mantenna,

12

(62-13) sarta kaasih Mantenna taya kendatna. Gusti ku anjeun, nun PANGERAN, nu ngaganjar ka manusa, satimpal sareng lampahna.

Link: