:

Jabur 64

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (64-2) Nun Allah, dangukeun paneda abdi anu keur kasesahan! Abdi teh sieun musuh. Salametkeun nyawa abdi.

2

(64-3) Amankeun abdi ti nu garaduh niat jahat, tina amarah para jahanam.

3

(64-4) Maranehna ngasah letahna seukeut kawas pedang, mesat-mesatkeun omonganana anu garihal lir jamparing.

4

(64-5) Maranehna karesit nyebarkeun bohong, taya kaera, nyilakakeun jalmi anu balener ku carana anu kecing.

5

(64-6) Maranehna silih hatean ngararancang kajahatanana. Silih bejaan di mana neundeun pitapakna. Aromongna, "Buni, moal kaciri."

6

(64-7) Maranehna nyarieun picilakaeun batur, sarta kieu aromongna, "Alus, sampurna ieu rarancang urang teh." Hate jeung pikiran manusa teh buni, teu bisa diteuleuman.

7

(64-8) Tapi jamparing Allah tingbelesat ka maranehna. Maranehna ujug-ujug taratu.

8

(64-9) Ku Allah disina cilaka ku ucap-ucapanana sorangan; sakur anu nyaraksian bati gogodeg.

9

(64-10) Maranehna bakal galimir, bakal mikiran anu geus dipidamel ku Allah, tuluy nguar-nguar padamelana-Na.

10

(64-11) Jalma anu balalener barungah ku sagala padamelan PANGERAN, maranehna tangtu aman nyalindung ka Mantenna; jalma-jalma nu balageur bakal maruji ka Mantenna.

Link: