:

Jabur 65

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Lagu. (65-2) Leres, abdi-abdi kedah muji ka Gusti di Sion, sareng nekanan jangji, nun Allah.

2

(65-3) Gusti ngamakbul kana paneda, jalmi ti mana-mana bakal darongkap

3

(65-4) ngakukeun dosana ka Gusti. Dosa abdi sadaya kacida abotna nanging Gusti kersa ngahapunten.

4

(65-5) Bagja jalma-jalma anu ku Gusti dipilih, anu dicandak nyicingan tempat kasucian Gusti. Di dinya abdi-abdi bakal dicekapan ku sagala hal anu sae, nya eta ku berkah-berkah ti Bait Gusti nu suci.

5

(65-6) Gusti ngawaler ka abdi-abdi ku maparin kaunggulan, sareng midamel hal-hal anu araheng pikeun nyalametkeun abdi-abdi. Gusti jadi andelan jalmi sadunya, dugi ka anu tarebih di peuntaseun sagara.

6

(65-7) Kalayan gagah Gusti nangtungkeun gunung-gunung, mintonkeun kakawasaan anu rongkah.

7

(65-8) Gusti nengtremkeun lautan anu motah, nengtremkeun ombakna anu jumegur, sareng nengtremkeun rusuhna bangsa-bangsa.

8

(65-9) Jalmi sajagat galimir naringal kaahengan padamelan Gusti. Jalmi-jalmi ti satungtung bumi surak gumbira naringal eta padamelan Gusti.

9

(65-10) Tanah teh ku Gusti diriksa, dipasihan hujan, disina subur makmur. Walungan-walungan disina caian, bumi disina bijil hasilna. Ieu anu dipidamel ku Gusti:

10

(65-11) Lahan-lahan kenging ngawuluku digeyeran hujan, taneuhna disina riduh dileledok ku cihujan, pepelakanana sina jaradi ngagedean.

11

(65-12) Ku berkah Gusti panen teh mucekil! Ka mana Gusti sumping, di dinya tangtos jadi lubak-libuk.

12

(65-13) Sampalan-sampalan pinuh ku embe sareng domba, lamping-lamping pasir garerah.

13

(65-14) Rayap rendang domba minuhan sampalan, lebak-lebak pinuh ku pelak gandum. Sadayana jadi jigrah kakawihan.

Link: