:

Jabur 67

1

Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Jabur. (67-2) Nun Allah, abdi sadaya neda piwelas sareng berkah, mugi luntur galih kersa malire ka abdi.

2

(67-3) Sangkan pangersa Gusti nyata ka umat manusa, pon kitu kasalametan ti Gusti dikenal ku bangsa sakumna.

3

(67-4) Mugia umat maruji ka Gusti, nun Allah, mugia maranehna sami ngagungkeun!

4

(67-5) Mugia bangsa-bangsa teh sami gerah sami bingah, wireh ku Gusti dituyun kalayan adilna, bangsa-bangsa di ieu dunya teh ku Gusti dipingpin.

5

(67-6) Mugia umat maruji ka Gusti, nun Allah, mugia maranehna sami ngagungkeun!

6

(67-7) Tanah geus ngaluarkeun hasil. Allah, Allah urang, geus ngaberkahan.

7

(67-8) Allah geus ngaberkahan ka urang, mugia umat kabeh di mana-mana hormat jeung ajrih ka Mantenna.

Link: