:

Jabur 66

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur. Lagu. Surak sing gerah, he umat kabeh, puji Allah!

2

Sanggakeun pupujian, agungkeun jenengana-Na, baktikeun pamuji ka Mantenna!

3

Unjukkeun ka Allah, "Padamelan Gusti kalintang ahengna. Kakawasaan Gusti teu kinten rosana, dugi ka musuh-musuh Gusti ngareluk sarieuneun.

4

Satangkaraking jagat sami sumembah, ngaragungkeun ka Gusti, ngaragungkeun jenengan Gusti."

5

Ka darieu, saksian dadamelan Allah, saksian kaahengan dadamelana-Na di manusa.

6

Laut disalin rupa jadi daratan, bisa dipake leumpang ku karuhun urang, dipeuntasan. Padamelan Mantenna estu matak bungah.

7

Mantenna nyangking parentah salalanggengna, sabab kawasa, soca-Na nitenan bangsa-bangsa. Pacuan aya nu wani baha.

8

Puji Allah kami, he sakumna bangsa, sing kadenge mujina.

9

Mantenna geus ngaraksa jiwa-jiwa kami. Kami kabeh teu diantep sina ragrag.

10

Nun Allah, abdi-abdi ku Gusti parantos diuji, sapertos perak dibesot ku seuneu. Leres, ku Gusti parantos diuji.

11

Ku Gusti diantep tigebrus kana burang, punduk dibugbrugan momotan.

12

Ku Gusti diantep diidek-idek ku musuh, diantep ditempuh ku seuneu sareng ku caah. Nanging ayeuna parantos dicandak ka tempat anu aman.

13

Abdi bade ka gedong Gusti nyanggakeun kurban beuleuman, kangge nekanan jangji ka Gusti.

14

Bade ngabuktoskeun anu diikrarkeun kapungkur waktos keur nyorang tunggara.

15

Bade ngahaturkeun domba, dibeuleum dina altar, ngurbankeun sapi jalu sareng embe, haseupna sina mumbul ka langit.

16

Ka darieu reungeukeun, he sakur anu ajrih ka Allah, kaula rek nyaritakeun pitulung Mantenna ka kaula.

17

Bareto kaula ngajerit menta tulung ka Mantenna, ayeuna kaula ngagungkeun ku pupujian.

18

Lamun seug kaula henteu eling tina dosa, PANGERAN moal kersaeun ngadangu.

19

Tapi Allah memang geus ngadangu ka kaula, panyambat kaula geus dimakbul.

20

Sagala puji ka Allah, reh paneda kaula henteu ditolak sarta henteu ngowelkeun satia asih-Na ka kaula.

Link: