:

Jabur 71

1

Nun PANGERAN, abdi dongkap nyuhunkeun dibelaan; mugi ulah dikajeunkeun!

2

Demi Gusti teh adil, mugi abdi dijait, dibebaskeun; mugi kersa ngadangu, abdi tulungan.

3

Sing jadi panyalindungan sareng benteng anu kuat, tempat abdi ngaub. Gusti teh pangungsian sareng pertahanan abdi.

4

Nun Allah, leupaskeun abdi ti jalma-jalma jahat, ti nu daroraka, karuat sareng telenges.

5

Gusti teh pangharepan abdi, nu ku abdi dipuntangan ti ngongora, nun PANGERAN Nu Maha Agung.

6

Gusti panyaluuhan abdi saumur-umur, nya Gusti nu jadi pitulung ti wangkid abdi lahir. Bade sapapaosna abdi ngamulyakeun ka Gusti.

7

Ka jalma rea hirup abdi kantos jadi tuladan, margi Gusti jadi benteng abdi nu tohaga.

8

Abdi moal kendat-kendat muji ka Gusti, saban dinten sumeja ngagungkeun.

9

Abdi ulah dipiceun dumeh parantos kolot, ulah ditilar dumeh parantos taya tanaga.

10

Abdi teh diomong-omongkeun ku musuh, dibadamikeun ku anu nariat maehan.

11

Carekna, "Eta jalma geus ditundung ku Allah, urang udag, urang tewak, da moal aya nu nulungan."

12

Nun Allah, ulah tebih ti abdi, enggal abdi tulungan, nun Gusti!

13

Sing eleh, sing tumpur eta anu ngarah ka abdi teh. Sing areraeun, sina nandang hina, nu nyiar picilakaeun abdi, eta anu bade nyarilakakeun ka abdi teh.

14

Dupi abdi moal weleh ngarep-ngarep ka Gusti bade wuwuh-wuwuh muji ka Gusti.

15

Bade nyanggemkeun kasaean Gusti sadinten jeput bade nyarioskeun kasalametan ti Gusti, sanaos hal eta teu kahontal ku akal abdi.

16

Kadigjayaan PANGERAN Nu Maha Agung sumeja dimashurkeun, nya kasaean Gusti anu bade dipuji-puji teh.

17

Gusti anu ngatik abdi ti leuleutik, dugi ka kiwari abdi tetep nguarkeun karya Gusti anu araheng.

18

Ayeuna abdi parantos kolot cetuk huis, mugia ku Gusti ulah ditilar, nun Allah! Sarengan abdi ari keur nyanggemkeun kakawasaan sareng kadigjayaan Gusti ka sakumna turunan nu bakal datang.

19

Kaadilan Gusti maratan langit, Gusti parantos midamel perkawis anu aragung, teu aya anu mapakan ka Gusti.

20

Gusti nu ngersakeun abdi nandangan rupi-rupi rerepit sareng pakewuh, Gusti keneh anu baris mulihkeunana, Gusti nu bakal ngajagi abdi ti kubur.

21

Gusti nu bakal ngangkat deui darajat abdi, langkung ti kapungkur, Gusti tangtos kersa deui ngalilipur.

22

Abdi bade muji dibarengan ku ngacapi muji kasatiaan Gusti, Allah abdi, sumeja ngacapi nyanggakeun kidung pamuji ka Gusti, Maha Suci Allah Israil.

23

Bari nabeuh bade dikawihan masing tarik, nyanyi sataker tanaga reh ku Gusti parantos dirahayukeun.

24

Sadinten jeput bade nyanggem-nyanggemkeun kaadilan Gusti, reh anu bade nyarilakakeun ka abdi parantos areleh sarta nandangan hina.

Link: