:

Jabur 72

1

Ti Suleman. Nun Allah, wulangkeun hukum Gusti ka raja kaadilan Gusti paparinkeun ka anjeunna,

2

supados adil ngurusna ka umat Gusti, sangkan leres ngurusna ka nu sangsara.

3

Mugia nagri makmur santosa sareng sing nyumiratkeun kaadilan.

4

Sang raja mugia rumaksa ka nu balangsak, bumela ka nu walurat, sareng numpes tukang nindes.

5

Sapanjang panonpoe sareng bulan gumelar, umat sing turun-tumurun ngesto ka Gusti.

6

Mugia raja teh sing saibarat hujan nyiram lahan-lahan, lir ngijih nyiraman bumi.

7

Sapanjang jumenengna muga mekar kaadilan, muga makmur sapanjangna, tinanding umurna bulan.

8

Karajaanana sing murba ti laut ka laut, ti Eprat dugi ka tungtung jagat.

9

Urang gurun keusik masing tunduk ka anjeunna, musuh-musuhna masing sarujud.

10

Raja-raja Sepanyol sareng anu ti pulo-pulo, sing carunduk nyaranggakeun pangabakti, raja-raja Arab sareng Etiopia caraos upeti.

11

Raja-raja sadayana bakal dareku ka anjeunna, bangsa-bangsa sadayana sami kumawula.

12

Anjeunna rumawat ka nu walurat, anu nyambat ka anjeunna; nyaah ka nu balangsak, jeung nu kalantar.

13

Asih ka nu miskin, nyaah ka nu lemah nangtayungan hirupna anu sangsara.

14

Maranehna diluputkeun tina panggencet jeung katelengesan, nyawa maranehna ku raja dianggap mulya!

15

Dirgahayu raja! Sing disebaan emas ti tanah Arab, sing pada ngadoakeun salilana, sing dirahmat ku Allah sapapanjangna!

16

Mugia nagri pinuh ku gandum, pasir-pasirna kaamparan pepelakan, laleubeut buahanana kawas anu di Libanon. Kota-kotana masing gegek ku jelema, lir tegal pinuh ku jukut.

17

jenenganana sing tetep kawangi-wangi, kawentar mashur sapanjang surya gumelar. Mugia sakumna bangsa marenta diberkahan ku Allah, cara ngaberkahan ka raja.

18

Puji PANGERAN Allahna Israil! Ngan Mantenna nyalira anu ngadamel saniskara mujijat.

19

Puji jenengana-Na nu agung, salalanggengna! Kamulyaan Mantenna sing minuhan jagat. Amin! Amin!

20

Kitu ungel panutup paneda-paneda Daud putra Isai.

Link: