Jabur 73
Jabur Asap. Sabenerna, Allah teh nyaah ka Israel, nyaah ka sakur nu beresih hate.
Tapi kaula kungsi bingbang kana hal eta, kapercayaan meh luntur,
lantaran kaula teh panas ka nu karumaki, dumeh nu daroraka teh sararenang hirupna.
Tara katarajang ku kanyeri, awakna karuat, sarehat.
Tara meunang papait cara nu sejen, tara meunang kasusah cara nu rea.
Kasombonganana lir geus ngongkorong, katelengesanana enggeus ngabaju,
hatena mudalkeun kadorakaan, pikiranana pinuh ku niat jahat.
Resep nyeungseurikeun batur, ucapna jarahat, takabur jeung resep ngagencet batur.
Maranehna ngahujat Allah di sawarga gede rahul ka manusa di bumi.
Ku hal eta, umat Allah ge jadi bariluk, ngarandeleun kana caritaan maranehna.
Majar, "Moal kauninga ku Allah, moal katohyan ku Nu Maha Agung."
Kitu kaayaanana eta anu daroraka teh, hirupna sarenang, malah beuki baleunghar.
Jadi percumah kaula hirup beresih, teu guna ngajauhan dosa oge.
Nun Allah, sadinten jeput Gusti nyangsara abdi, unggal enjing Gusti nyiksa.
Nanging upami abdi nyanggem kitu, atuh sanes jadi umat Gusti deui.
Nu mawi eta teh sok haben dipikiran, nanging sualna abot teuing keur abdi mah.
Tungtungna abdi asup ka Bait Gusti, nembe ngartos bakal kumaha engkena eta nu jarahat teh.
Maranehna baris ditempatkeun di nu laleueur, sina lalabuh carilaka.
Ku Gusti ditumpur sakedat netra, kitu tungtung panganggeusanana, pikagimireun.
Sapertos impian, bray isuk teh buyar; barang Gusti cengkat, les maranehna musna.
Waktos keur ngarasa jengkel sareng hate asa karerab,
harita abdi teh bodo sapertos sato, tina teu ngartos ku Gusti.
Mung saena abdi tetep montel ka Gusti, sarta leungeun abdi ku Gusti dicepeng.
Ku Gusti ditungtun dinasehatan sangkan ahirna tiasa ditampi kalayan hormat.
Saha deui kagaduh abdi di sawarga, kajabi Gusti? Di dunya ge hoyong naon deui, da parantos gaduh Gusti.
Najan jiwa raga abdi lemah, nanging Allah anu jadi kakiatan abdi. Anu dipikabutuh ku abdi salalamina mung Gusti.
Sing saha anu ninggalkeun Gusti, tangtos cilaka. Sing saha anu teu satia ka Gusti, ku Gusti baris dibasmi.
Jadi keur kaula mah raket ka Allah teh kacida hadena; ka PANGERAN Nu Maha Agung kaula seja nyalindung sarta ngawartakeun sagala padamelana-Na.