:

Jabur 75

1

Pikeun pamingpin biduan. Cara lagu: Ulah ngabasmi. Jabur Asap. Lagu. (75-2) Abdi-abdi muji sukur, nun Allah, muji sukur! Abdi-abdi ngabewarakeun kaagungan Gusti,

2

(75-3) Allah ngandika, "Kami geus nangtukeun waktu pangadilan, Kami rek ngahakiman kalawan adil.

3

(75-4) Najan bumi gunjang-ganjing katut nu ngeusianana, Kami tetep mageuhkeun pademenna."

4

(75-5) Nu jarahat ku Kami dicarek ulah aradigung;

5

(75-6) maranehna teu meunang nyombong deui.

6

(75-7) Datangna putusan pangadilan lain ti wetan atawa ti kulon, lain ti kidul atawa ti kaler.

7

(75-8) Anu jadi hakim teh nya Allah, ngahukum nu itu, ngabebaskeun nu ieu.

8

(75-9) Panangan PANGERAN nyepeng hiji lumur; dieusi anggur keras, anggur kabendu-Na. Seug dicicikeun, sina diarinum ku nu jarahat, ku maranehna diarinum nepi ka beak.

9

(75-10) Ari kaula moal eureun-eureun nyaritakeun hal Allahna Yakub, moal eureun muji ngagungkeun Mantenna.

10

(75-11) Kakuatan nu jarahat ku Mantenna bakal diremukkeun, kakuatan anu balener disina beuki kuat.

Link: