:

Jabur 76

1

Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Jabur anggitan Asap. Pupujian. (76-2) Allah kamashur di Yuda, jenengana-Na dimulyakeun di Israil.

2

(76-3) Mantenna kagungan tempat di Yerusalem, sarta jumeneng-Na di Gunung Sion.

3

(76-4) Di dinya Mantenna ngaririkes panah-panah musuh, tameng jeung pedang, cindekna sakabeh parabot perangna.

4

(76-5) Kalintang agungna Gusti teh, nun Allah! Estu mulya Gusti mulih ti pagunungan tas ngelehkeun musuh.

5

(76-6) Baladna anu garagah parantos dirangsadan, parantos harees moal harudang deui, kagagahan sareng kaahlian perangna taya pedahna.

6

(76-7) Barang ku Gusti dihaok, nun Allahna Yakub, kuda sareng anu tarumpakna maraot tingjarungkel.

7

(76-8) Gusti dipikagimir ku sadayana, nun PANGERAN, ana Gusti parantos bendu, taya nu tagen nyanghareupan.

8

(76-9) Gusti ngumumkeun putusan hukum ti sawarga, bumi ngeleper, jep jempling,

9

(76-10) waktos Gusti ngadeg bade ngumumkeun putusan hukum, yen bade ngajait anu digencet di bumi.

10

(76-11) Jalmi-jalmi bengis ge ka Gusti maruji; anu saralamet tina perang marilu mestakeun Gusti.

11

(76-12) Geura tedunan jangji maraneh ka PANGERAN, Allah maraneh. Sanggakeun pangabakti ka Mantenna, he bangsa-bangsa nu dareukeut! Allah teh pikagimireun manusa.

12

(76-13) Anak-anak raja nu aradigung ku Mantenna diteundeutkeun, raja-raja gede disina galimireun.

Link: