Jabur 78
Lagu atikan ti Asap. Bandungan, he umat, regepkeun ieu piwuruk, regepkeun ieu pepeling kami.
Kami rek ngucapkeun siloka, ngaguar rasiah alam baheula,
hal-hal anu urang geus ngadenge, geus nyaho tina carita karuhun urang.
Ka anak incu nu ayeuna, mo aya nu dikilungan, nya kitu deui ka turunan anu engke, kumaha mashurna PANGERAN, dadamelana-Na, pangawasa-Na, jeung mujijat-mujijat-Na, anu geus dipidamel ku Mantenna.
Mantenna ka Israil geus maparin hukum, ka turunan Yakub maparin papakon. Mantenna nimbalan ka karuhun urang, yen ieu hukum kudu diajarkeun ka anak-anakna;
malar turunan ieu ngajarkeun ka anu pandeuri, sarta ku ieu ge kudu diajarkeun ka anak-anakna.
Ku jalan kieu maranehna ge bakal nanjeurkeun harepan ka Allah, jeung moal paroho kana sagala pitulung-Na, sabalikna bakal ta’at kana parentah Mantenna, salilana,
ulah cara karuhun-karuhunna, resep ngalawan, basangkal, henteu pangger pangandelna ka Allah, teu ceehan satiana ka Mantenna.
Urang Epraim, sakitu marawa gondewa jeung jamparing, ari der perang mah jicir.
Maranehna henteu tigin kana jangjina ka Allah, teu narurut kana hukum Mantenna,
sarta mopohokeun damel katut mujijat-mujijat, nu ku Mantenna geus dipintonkeun.
Karuhunna ku Mantenna ditembongan mujijat-mujijat, di dataran Soan wewengkon Mesir.
Laut ku Mantenna dibeulah, maranehna dipeuntaskeun, nincak laut anu caina jadi ngadingding kawas tembok.
Ti beurang dituyun ku mega, ti peuting ku gebrayna cahaya tina hiji tihang seuneu.
Batu-batu cadas di gurun keusik ku Mantenna dibeulah, bijil cai, maranehna nginum saseubeuhna,
cai ti jero cadas teh terus ngocor, mani kawas walungan bae.
Tapi maranehna haben bae dosa ka Allah, di gurun keusik teh ngalawan ka Nu Maha Agung,
ngahaja ngadoja ka Allah, marenta dahareun kahayangna.
Tinggelendeng ngomongkeun ka Allah, "Iasaeun Allah ngayakeun dahareun di gurun keusik?
Memang Mantenna meupeuh cadas bijil cai, terus ngagolontor jadi susukan, cik iasaeun ngayakeun roti jeung daging keur umat-Na?"
Ngadangu kitu PANGERAN bendu, seug umat-Na teh diruksak ku seuneu. Pohara benduna ka maranehna,
lantaran teu tarigin ka Mantenna, teu palercayaeun yen Mantenna baris nulung.
Ti dinya Mantenna nimbalan ka langit, miwarang mukakeun lawang-lawangna;
Mantenna nurunkeun gandum ti sawarga, nya eta manna, keur dahareun maranehna.
Jadi maranehna ngadahar kadaharan para malaikat, sapamenta maranehna dipaparinkeun.
Sarta Mantenna miwarang angin wetan ngahiuk, sarta ku pangawasa-Na angin kidul ngagelebug,
ngintun manuk ka umat-Na, lobana tanding keusik di basisir,
murubut ka tengah pasanggrahanana di sakuliah tempat maranehna.
Umat-Na disina sareubeuh dahar, sakahayangna ditumutkeun.
Tapi tacan ge puas napsu maranehna, sabot keur dalahar keneh,
geus matak bendu PANGERAN. Heug jelema-jelema anu pangbaredasna, pamuda-pamuda Israil, ku Mantenna dibinasa.
Tapi maranehna taya kakapok, doraka teu euih-euih, teu ngarandel bae kana kaajaiban Mantenna.
Anu matak umurna ku Mantenna dianggeuskeun, lir napas sarenghap, tumpes dadak sakala.
Upama ku Allah geus aya nu dibinasa, kakara areling ka Mantenna, nembongkeun pertobat jeung sasambat.
Kakara areling yen Allah teh panyalindunganana, yen Nu Maha Kawasa teh panulung maranehna.
Tapi ngakuna kitu teh ngan semet biwir, teu terus jeung hate.
Saenyana mah maranehna teu saratia, henteu tigin kana jangjina ka Mantenna.
Tapi Allah mah mikawelas ka umat-Na. Dosa-dosana dihampura, maranehna henteu dibinasa. Sering pisan Mantenna mengkek bendu-Na, nahan wera nu ngagegedur;
reh kaemut, yen maranehna teh mahluk teu langgeng teu beda ti angin, geus ngaliwat terus musna.
Di gurun keusik sering pisan ngalawan, sering nganalangsakeun manah-Na.
Pek deui, pek deui ngadoja ka Allah, ngajaheutan galih Nu Maha Suci Allahna Israil.
Parohoeun kana kakawasaan Mantenna, parohoeun waktu maranehna dileupaskeun ti musuh-musuhna,
parohoeun kana kadigjayaan jeung mujijat Mantenna di dataran Soan wewengkon Mesir.
Mantenna ngarobah cai walungan-walungan jadi getih, nepi ka urang Mesir teu baroga cai keur nginum.
Mantenna ngadatangkeun laleur, nyiksa urang Mesir, geus kitu tanahna sina diruksak ku bangkong.
Mantenna ngadatangkeun simeut, meakkeun panenna, ngaruksakkeun lahan-lahanna.
Mantenna numpurkeun pelak anggur maranehna ku hujan buah tangkal-tangkal kormana bungbang ku hujan es.
Mantenna maehan sasatoan urang Mesir ku hujan es, maehan pipiaraanana sina disamberan ku gelap.
Mantenna ngalantarankeun maranehna susah gede, ditarajang ku amarah jeung napsu Mantenna anu ngagedur, anu datangna lir para malakal maot.
Mantenna masih keneh tuluy bendu-Na, henteu lebareun ku nyawa maranehna, anu tuluy dibasmi ku hiji pagebug.
Mantenna maehan anak-anak cikal, sakabeh cikal unggal kulawarga urang Mesir.
Geus kitu Mantenna nuyun umat-Na kaluar, lir hiji pangangon. Maranehna dituyun ngambah gurun keusik.
Umat-Na diaping, aman teu aya kasieun; ari musuh-musuhna mah tumpur kagulung ku laut.
Umat-Na dicandak ka tanah kagungana-Na nu suci, ka tanah pagunungan beunang Mantenna ngajabel.
Urang dinyana diusiran ku Mantenna samemeh umat-Na narepi. Tanahna dibagikeun ka kaom-kaom Israil, imah-imahna diserenkeun ka umat-Na.
Tapi umat-Na anggur ngaralawan, ngadoja ka Allah Nu Maha Kawasa, henteu narurut kana parentah-Na,
alalingkar, teu satia, teu beda ti karuhunna, kawas jamparing bengkung teu bisa dipercaya.
Narangtang ka Allah ku nyarembah ka brahala nyarieun arca sesembahan, matak jaheut ka Mantenna.
Ningali kitu Allah teh bendu, umat-Na ditolak sama sakali.
Kemah kagungana-Na di Silo, tempat linggih-Na di tengah manusa ditilar.
Peti Perjangjian lambang kakawasaan jeung kamulyaana-Na, ku Mantenna diantep dirampas ku musuh.
Awahing ku bendu, umat-Na diantep diparaehan ku musuh-musuhna.
Para pamudana tariwas di pangperangan, para mojangna teu aya nu ngawin.
Imam-imam tariwas ku pedang, randa-randana teu meunang nyaleungceurikan.
Ti dinya PANGERAN ngorejat, lir nu gugah tina kulem, lir jalma gagah anu kahudang wawanen ku anggur.
Musuh-musuh-Na dipukul mundur, areleh nepi ka salilana nandangan kaera.
Tapi Mantenna nolak turunan Yusup jeung teu kersaeun milih kaom Epraim.
Mantenna anggur milih kaom Yuda jeung Gunung Sion, kameumeut-Na.
Di dinya Mantenna ngadegkeun Bait-Na kawas panglinggihana-Na nu di sawarga, tohagana satohaga bumi, reugreug pageuh sapapanjangna.
Mantenna milih abdi-Na, Daud, dicandak ti pangangonan.
Tina purah ngurus domba, Daud ku Mantenna dijieun raja Israil, anu ngangon umat Allah.
Umat Allah teh ku Daud diurus kalawan hade, diaping dijaring kalayan binangkit.