:
1 Pikeun pamingpin biduan. Make lagu Yedutun. Jabur Asap. (77-2) Kaula sasambat tarik ka Allah sasambat tarik pisan, seug kadangueun.
2 (77-3) Dina waktu sumpeg, kaula neneda ka Pangeran, sapeupeuting neneda namprakkeun leungeun, tapi hate teu daek paler.
3 (77-4) Ari inget ka Allah, kaula ngarenghap, ari keur tapakur hate ngarasa lesu.
4 (77-5) Sapeupeuting kaula ku Mantenna disina nyaring. Kacida bingungna nepi ka teu kecet-kecet.
5 (77-6) Inget ka poe-poe nu geus kaliwat, inget ka taun-taun anu geus kalarung;
6 (77-7) sapeupeuting mikir jero, bari ngaheneng seug nanya maneh:
7 (77-8) "Rek terus bae kitu PANGERAN teh nampik, teu kersa nyoreang deui?
8 (77-9) Geus teu mikanyaah deui? Geus lesot tina jangji-Na?
9 (77-10) Naha geus lali kitu Allah teh kana welas asih? Naha bendu, nepi ka teu kersaeun mikawelas?"
10 (77-11) Heug bae kaula ngomong kieu, "Ieu anu pangpikanyerieunana — Allah geus teu kawasa deui."
11 (77-12) Abdi bade ngemut-ngemut karya Gusti nu aragung, nun PANGERAN, bade ngeling-ngeling mujijat-mujijat Gusti kapungkur.
12 (77-13) Abdi bade mikiran sagala padamelan Gusti sareng ngalenyepan karya-karya Gusti anu harebat.
13 (77-14) Nun Allah, padamelan Gusti sadayana suci. Teu aya deui nu agung sapertos Gusti.
14 (77-15) Nya Gusti pisan Allah teh, nu kawasa midamel mujijat-mujijat, kakawasaan Gusti kagurnita ka bangsa-bangsa.
15 (77-16) Gusti digjaya ngajait umat, turunan Yakub sareng Yusup.
16 (77-17) Cai ngadegdeg barang ningal ka Gusti, kacida sieuneunana, nun Allah, dasar sagara mingsir gimireun.
17 (77-18) Mega-mega ngucurkeun hujan, gelap tingbeledag di langit, kilat sasamber ka ditu ka dieu.
18 (77-19) Guludug tinggeleger tinggulugur, kilat-kilatna nyaangan jagat, bumi ngageter ngadegdeg.
19 (77-20) Gusti angkat napak ombak, laut dipeuntasan, nanging tapak Gusti ngadampal henteu katara.
20 (77-21) Gusti nuyun ka umat lir hiji pangangon, ku perantawis Musa sareng Harun.