Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. (85-2) Nun PANGERAN, Gusti parantos mikanyaah ka tanah kagungan Israil ku Gusti dipaparin deui karaharjaan;
2
(85-3) kadorakaan umat ku Gusti dihapunten, sagala kalepatanana dipaparin ampun.
3
(85-4) Gusti parantos nyirep kabendu, mepes wera anu muntab-muntab.
4
(85-5) Pulihkeun deui abdi sadaya, nun Allah puhu rahayu, ulah kateterasan teu suka ka abdi sadaya!
5
(85-6) Atanapi, naha bade teras ngabenduan salamina, wera sapapanjangna?
6
(85-7) Mugi kakiatan abdi-abdi dipulihkeun deui, tangtos abdi-abdi, umat Gusti, bakal maruji sukur.
7
(85-8) Kaasihan Gusti anu langgeng, larapkeun deui, abdi-abdi paparin kasalametan, nun PANGERAN.
8
(85-9) Kaula keur ngaregepkeun GUSTI Allah sasauran; Mantenna ngajangjikeun katengtreman ka urang, umat-Na, asal urang ulah nyieun deui kagejulan.
9
(85-10) Geus pasti Mantenna kersaeun nyalametkeun sakur jalma anu hormat ka salira-Na, sarta Mantenna baris aya di nagri urang, kersaeun ngaraksa.
10
(85-11) Kaasih bakal patepung jeung kasatiaan, kaadilan bakal silih rangkul jeung karukunan.
11
(85-12) Kasatuhuan manusa baris mencar ti bumi ditilik ku kaadilan Allah ti sawarga.
12
(85-13) PANGERAN bakal maparin karaharjaan ka urang, tanah urang bakal rea hasilna.
13
(85-14) Kaadilan bakal maju payuneun PANGERAN, nyadiakeun jalan Mantenna.