Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Gitit. Jabur golongan Korah. (84-2) Abdi kalintang nyaahna ka Bait Gusti, nun PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa!
2
(84-3) Kalintang hayangna cicing di dinya! Kalintang hayangna aya di Bait PANGERAN. Jiwa raga nyanyi gumbira ka kersa Allah anu jumeneng.
3
(84-4) Cacakan manuk gareja nyarieun sayang, kapinis baroga enggon cicing, maliara anakna teh caket altar-altar Gusti, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Raja sareng Allah abdi.
4
(84-5) Bagja temen jalma nu matuh di Bait Gusti, tiasa mumuji ka Gusti sapapaosna.
5
(84-6) Bagja temen jalma anu kenging kakiatan ti Gusti, anu hatena kumejot hayang jarah ka Gunung Sion.
6
(84-7) Waktos maranehna nyorang Lebak Baka anu garing, eta tempat teh ngajadi tempat cinyusu, seueur cai nu ngumplang, berkah turunna hujan munggaran.
7
(84-8) Laleumpangna wuwuh segut, rek ngadeuheus ka Allah sakabeh ilah di Sion.
8
(84-9) Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, ieu abdi nunuhun, mugi dangukeun, nun Allahna Yakub!
9
(84-10) Nun Allah, mugi raja abdi diberkahan, raja kenging Gusti milih.
10
(84-11) Kangge abdi, mending sadinten aya di Bait Gusti, tinimbang sarebu dinten di sanes tempat; di Bait Gusti mah kabagian nangtung di lawangna ge kajeun, tinimbang kudu sakumbuh jeung nu daroraka.
11
(84-12) PANGERAN teh benteng jeung raja urang anu mulya, anu maparin kurnia jeung kamulyaan, anu tara nolak pamenta nu layak ti sakur jelema nu bener lampahna.
12
(84-13) Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, bagja pisan jalmi anu manteng muntang ka Gusti!