:

Jabur 87

1

Jabur golongan Korah. Lagu. PANGERAN ngadegkeun kota-Na di luhur pasir suci-Na.

2

Kota Yerusalem teh kakasih PANGERAN, ngungkulan sakabeh tempat nu aya di Israil.

3

He kota Allah, reungeukeun, hal-hal nu araheng tina hal anjeun, anu disaurkeun ku Mantenna:

4

"Mesir jeung Babul ku Kami rek diasupkeun kana daptar bangsa-bangsa anu narurut ka Kami; urang Pelisti, urang Tirus jeung urang Sudan, rek diasupkeun kana bilangan nu maratuh di Yerusalem."

5

Ari Sion bakal kakocapkeun, yen sakabeh bangsa jadi wargana, sarta ku Nu Maha Kawasa, Sion bakal ditohagakeun.

6

PANGERAN bakal nyatetkeun jalma-jalma dina daptar, kabeh dijadikeun warga kota Yerusalem.

7

Bari ngarigel, maranehna maruji kieu, "Nya di Sion ayana sagala sumber kabagjaan urang."

Link: