Lagu. Jabur golongan Korah. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Mahalat Leanot. Lagu atikan ti Heman, urang Esrah. (88-2) Nun GUSTI Allah, jurusalamet abdi, ari siang abdi sasambat, ari wengi dumeuheus ka payuneun Gusti.
2
(88-3) Mugi ieu paneda teh dangukeun, dangukeun panyambat abdi nyuhunkeun tulung!
3
(88-4) Abdi diambreg ku rupi-rupi pakewuh, ajal parantos nyantong,
4
(88-5) sapertos nu sanes-sanes anu parantos meh maot, parantos taya tangan pangawasa.
5
(88-6) Abdi ditinggalkeun di nu paraeh, sapertos nu dipaehan, ngalonjor di jero kuburan maranehna, anu ku Gusti hamo diemut-emut deui, parantos di luareun pitulung Gusti.
6
(88-7) Abdi ku Gusti digebruskeun ka jero liang kubur, liang anu pangpoekna sareng pangjerona.
7
(88-8) Amarah Gusti nindihan kacida abotna, abdi remuk dilindes ku panekana.
8
(88-9) Babaturan abdi ku Gusti sina nyalingkir, abdi ku Gusti didamel pikageuleuheun maranehna. Abdi kakepung, taya petana kaluar.
9
(88-10) Panon ceuleuyeu teu kiat ku sangsara. Sadidinten abdi sasambat ka Gusti, leungeun tumamprak neda pitulung.
10
(88-11) Gusti teh bade midamel mujijat ka nu parantos maraot? Tiasaeun mayit lugay teras mumuji ka Gusti?
11
(88-12) Naha kaasih Gusti sok diomongkeun di jero kubur? Naha kasatiaan Gusti sok dicarioskeun di tempat kabinasaan?
12
(88-13) Naha tiasa katingal mujijat-mujijat Gusti di nu poek, kitu deui kasaean Gusti di tanah nu leungit tina emutan?
13
(88-14) Nun PANGERAN, abdi ngalengis nyambat pitulung, saban enjing neneda ka Gusti.
14
(88-15) Naon margina abdi disieuhkeun, nun PANGERAN, naon margina Gusti ngabalieur ti abdi?
15
(88-16) Ti ngongora abdi teh diriripuh dugi ka mehmehan maot, parantos cape nadahan hukuman ti Gusti.
16
(88-17) Haben dilindes ku amarah Gusti anu ngentab-ngentab, binasa jadi tadah panyiksa Gusti.
17
(88-18) Sadinten jeput sapertos diteumbragan ku caah, ambreg ti unggal sisi.
18
(88-19) Sobat-sobat nu pangdalitna ge naringgalkeun, nu maturan teh mung poek.