Paneda Musa, abdi Allah. Nun PANGERAN, Gusti teh salamina jadi panyalindungan abdi sadaya.
2
Memeh Gusti ngajadikeun gunung-gunung, memeh bumi sareng alam dunya ku Gusti dicipta, Gusti parantos jumeneng Allah nu langgeng sareng baris teras jumeneng salalanggengna.
3
Gusti ngedahkeun manusa mulang ka asal, ku Gusti dijadikeun deui lebu.
4
Kangge Gusti mah sarebu taun sami sareng sadinten, saumur dinten kamari anu parantos liwat, lir hiji sa’at anu pondok wanci wengi.
5
Umur jalmi ku Gusti disina nyeot lir palid ku caah, teu langkung panjang ti saimpian. Sapertos jujukutan, enjing-enjing marentik,
6
jaradi sareng karembangan, sorena gararing teras paraeh.
7
Abdi-abdi musna ku bebendu Gusti, sami sumeblak ku duduka Gusti.
8
Dosa abdi-abdi disina nembrak di payuneun Gusti, sanaos buni ku Gusti mah katingali.
9
Hirup abdi-abdi jadi pondok, diteukteuk ku bebendu Gusti, umur sirna ibarat napas sarenghap.
10
Lamina umur abdi-abdi mung tujuh puluh taun, atanapi dalapan puluh pikeun nu kiat, kitu ge bari ripuh seueur nu karasa, hirup sakedap, teras sirna.
11
Saha nu parantos ngarasa karongkahan mudalna bebendu Gusti? Saha nu sadar kumaha matak gimirna balukar tina duduka Gusti?
12
Elingkeun abdi sadaya yen hirup teh kacida pondokna, supados jadi jalmi wijaksana.
13
Sabaraha deui lamina Gusti bendu teh? Sing hawatos ka sadaya kawula Gusti.
14
Tembongkeun kaasih Gusti ka abdi sadaya unggal enjing, supados hirup abdi-abdi tiasa ngarasa bagja.
15
Paparinan kagenahan, saimbang sareng kaprihatinan anu dikeunakeun ka abdi sadaya salami nyorang kalaraan.
16
Ebrehkeun padamelan Gusti anu rongkah ka abdi-abdi, ebrehkeun pangawasa Gusti anu mulya ka turunan abdi sadaya.
17
Paparinkeun rahmat Gusti, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya! Langsarkeun sugri pagawean abdi sadaya!