:

Jabur 89

1

Lagu atikan ti Etan, urang Esrah. (89-2) Abdi salamina bade nganyanyikeun satia asih Gusti, nun Allah, salamina bade ngamashurkeun kasatiaan Gusti.

2

(89-3) Abdi terang kaasih Gusti tetep salalamina kasatiaan Gusti sateguh langit.

3

(89-4) Saur Gusti, "Kami geus jangji ka hiji jalma pilihan Kami; Kami geus sumpah ka Daud, abdi Kami,

4

(89-5) ‘Hiji turunan maneh salawasna bakal jadi raja, tahta karajaan maneh bakal langgeng.’"

5

(89-6) Satungkebing langit muji kaajaiban padamelan Gusti, nu saruci muji-muji kasatiaan Gusti, nun PANGERAN.

6

(89-7) Di sawarga teu aya nu sapertos Gusti, teu aya mahluk sawarga anu nandingan Gusti.

7

(89-8) Dina pasamoan mahluk-mahluk suci, Gusti pada mikagimir, sadayana alajrih ka Gusti.

8

(89-9) Nun GUSTI Allah Nu Maha Kawasa, teu aya anu hebatna sapertos Gusti, Gusti satia dina sagala perkawis, nun PANGERAN.

9

(89-10) Gusti murba kana kaangkaraan laut, ombakna nu ngamuk ku Gusti dilelerkeun.

10

(89-11) Rahab, naga laut, ku Gusti dipaehan, diremukkeun, musuh-musuh kucar-kacir ku kawasa Gusti.

11

(89-12) Langit kagungan Gusti, bumi oge kagungan Gusti, alam dunya saeusina nya Gusti anu ngagelarkeun.

12

(89-13) Kaler sareng kidul Gusti anu nyiptakeun, Gunung Tabor sareng Gunung Hermon nyanyi kangge Gusti.

13

(89-14) Kawasa Gusti tanpa tanding! Gusti bedas liwat saking!

14

(89-15) Karajaan Gusti napak dina kaestuan sareng kaadilan, kaasih sareng kasatiaan tembong dina samudaya karya Gusti.

15

(89-16) Estu bagja jalmi anu sumujud ka Gusti bari gumbira, anu hirupna dina cahaya kasaean Gusti.

16

(89-17) Sadidintenna suka bungah ku karana Gusti, muji sukur ku karana piwelas Gusti.

17

(89-18) Gusti maparin kaunggulan ka abdi-abdi, ku karana asih Gusti abdi-abdi tiasa unggul.

18

(89-19) Gusti, nun PANGERAN, maparin papayung, Gusti, Nu Suci, Allah Israil, maparin raja ka abdi-abdi.

19

(89-20) Ti kapungkur keneh, dina hiji titingalian, Gusti ngandika ka para kawula Gusti nu saratia, "Kami geus nulung hiji prajurit anu kamashur, diangkat ti tengah rahayat, sina ngadiukan tahta.

20

(89-21) Abdi Kami Daud, ku Kami dijadikeun raja, geus diistrenan ku Kami ku minyak suci.

21

(89-22) Salawasna baris dideudeul ku kabedasan Kami, kakawasaan Kami baris jadi kakuatanana.

22

(89-23) Musuh-musuhna moal bisa ngelehkeun, nu daroraka moal bisa meunang ka manehna.

23

(89-24) Kami nu baris nyasaak musuh-musuhna, Kami nu baris maehan nu ngarewaeunana.

24

(89-25) Kami rek mikanyaah, rek satia ka manehna, ku Kami rek disina meunangan terus.

25

(89-26) Karajaanana rek dilegakeun, ti Laut Tengah nepi ka Walungan Eprat.

26

(89-27) Ngabasakeunana ka Kami, ‘Rama, Allah abdi. Ama benteng sareng panyalindungan abdi.’

27

(89-28) Estu, ku Kami rek dijieun anak cikal, anu pangpunjulna ti sakabeh raja-raja.

28

(89-29) Jangji Kami ka manehna salawasna bakal ditedunan, perjangjian Kami ka manehna bakal langgeng.

29

(89-30) Tahtana rek dipageuhkeun sapageuh langit, ti turunanana salawasna aya bae anu pijadieun raja.

30

(89-31) Tapi lamun turunanana teu nurut kana hukum Kami, hirupna teu nurutkeun parentah-parentah Kami,

31

(89-32) lamun ngalanggar aturan-aturan jeung katangtuan-katangtuan Kami,

32

(89-33) maranehna geus tangtu baris dihukum, baris disusahkeun ku karana kasalahanana.

33

(89-34) Najan kitu kanyaah Kami ka Daud moal laas, jangji Kami ka manehna moal gingsir.

34

(89-35) Perjangjian Kami ka manehna moal pegat, jangji Kami sarupa ge moal aya nu dicabut.

35

(89-36) Sabab Kami geus sumpah demi kasucian Kami: pamohalan Kami jalir ka Daud!

36

(89-37) Salawasna bakal aya turunanana, karajaanana baris diaping ku Kami satungtung aya keneh panonpoe.

37

(89-38) Sina tetep aya saperti bulan, nu jadi saksi satia di langit."

38

(89-39) Nanging Gusti bet bendu ka anjeunna, raja pilihan Gusti ku Gusti dipiceun, ditolak.

39

(89-40) Perjangjian Gusti ka anjeunna dipegatkeun, makutana ku Gusti dialungkeun ka nu jeblog.

40

(89-41) Kuta-kuta kotana dirugrugkeun, benteng-bentengna diburak-barik,

41

(89-42) harta milikna diranjah ku nu laliwat, sarta anjeunna diseungseurikeun ku para tatangga.

42

(89-43) Musuh-musuhna ku Gusti disina unggul, disina saruka bungah.

43

(89-44) Anjeunna disina eleh perangna, pakarangna disina taya gunana.

44

(89-45) Iteuk karajaanana ku Gusti dicandak, tahtana dibeubeutkeun kana taneuh.

45

(89-46) Mangsa anomna ku Gusti disinggetkeun, dipopokan ku kahinaan.

46

(89-47) Na Gusti teh bade teras nyumput bae? Bade dugi ka iraha Gusti bendu ngagugudug?

47

(89-48) Mugi diemut, umur abdi teh kacida pondokna. Mugi diemut, manusa teh ku Gusti dijadikeun mahluk pana.

48

(89-49) Saha pijalmieunana anu moal keuna ku ajal, anu tiasa ngejat tina alam kubur?

49

(89-50) Nun PANGERAN, mana tanda kanyaah Gusti anu kapungkur teh? Mana jangji-jangji Gusti ka Daud teh?

50

(89-51) Ulah lali, abdi Gusti sakieu diasorkeunana, nandangan panghina bangsa-bangsa deungeun.

51

(89-52) Nun PANGERAN, raja pilihan Gusti teh dihina ku musuh-musuh Gusti! Mios ka mana ge teu weleh dinistakeun.

52

(89-53) Puji PANGERAN salalanggengna! Amin! Amin!

Link: