:
1 Lagu keur poe Sabat. (92-2) Muji sukur ka Gusti teh lampah utami, nun PANGERAN, muji, ngahormat ka Gusti, Allah Anu Maha Agung,
2 (92-3) ngabewarakeun satia asih Gusti unggal enjing, sareng kasatiaan Gusti unggal wengi,
3 (92-4) bari nabeuh tatabeuhan kawat, sareng lagu nganggo kacapi.
4 (92-5) Padamelan Gusti anu harebat ngabungahkeun abdi, abdi nyanyi gumbira ku hal anu parantos dipidamel ku Gusti.
5 (92-6) Ku agung padamelan Gusti, nun PANGERAN; mamanahan Gusti sanes teuleum-teuleumaneun!
6 (92-7) Moal kasungsi ku jalmi tuna pangarti, moal kahontal ku jalmi bodo.
7 (92-8) Nu daroraka najan mekar cara jujukutan, nu jarahat najan hirupna sarenang, tangtos bakal ajur tumpur,
8 (92-9) reh Gusti teh nun PANGERAN, kawasa salalanggengna.
9 (92-10) Abdi-abdi yakin, musuh-musuh Gusti bakal tumpur, nu jarahat teh bakal kasoran.
10 (92-11) Abdi ku Gusti disina bedas lir banteng alas, dipaparin kasenangan.
11 (92-12) Parantos katingal musuh abdi teh areleh, parantos kakuping tingkoceakna anu jarahat.
12 (92-13) Jalma bener bakal ngagedean cara tangkal korma, bakal jaradi cara kiputri Libanon.
13 (92-14) Maranehna ibarat tatangkalan nu dipelak di gedong PANGERAN, jararadi di Bait-Na Allah urang,
14 (92-15) nepi ka kolotna ge masih keneh buahan, tetep subur hejo ngemploh.
15 (92-16) Eta nembongkeun yen PANGERAN teh adil, panyaluuhan kaula estu taya kuciwana.