:
1 PANGERAN teh Raja. Mantenna diraksukan kaagungan jeung kakawasaan. Bumi teteg diadegkeun dina tempatna, moal kaoyag kagedag.
2 Tahta Gusti ngadeg kiat ti awalna, nun PANGERAN, Gusti jumeneng ti jaman langgeng.
3 Dasar samudra ngaluarkeun soara, nun PANGERAN, jumegurna beuki ngaguruh.
4 Nanging Gusti anu kawasa di sawarga, nun PANGERAN, langkung rongkab ti batan jumegurna samudra, langkung perkosa ti batan ombak sagara.
5 Hukum-hukum Gusti langgeng, nun PANGERAN, Bait Gusti estu suci, ngadeg salalanggengna.