:
1 Jabur. Sanggakeun ka PANGERAN, pupujian anyar, Mantenna geus midamel hal-hal anu ajaib! Sarta ku sabab kawasa jeung digjaya, Mantenna unggul.
2 PANGERAN ngumumkeun kaunggulana-Na. Kakawasaana-Na paranti nyalametkeun teh dibewarakeun ka bangsa-bangsa.
3 Jangji Mantenna ka urang Israil estu teguh, lantaran satia jeung asih ka maranehna. Jalma-jalma di mana-mana kabeh narenjoeun unggulna Allah urang.
4 Geura surak keur PANGERAN, he sakuliah jagat, mulyakeun Mantenna ku lagu jeung surak gumbira!
5 Nyanyikeun pupujian ka PANGERAN, tabeuhan ku kacapi!
6 Tiup tarompet jeung tarompet tanduk, gederkeun surak ka PANGERAN, raja urang.
7 Laut katut sakabeh mahlukna, sing jumegur, bumi katut sapangeusina, geura maruji!
8 He walungan-walungan, mangka kaleprok, he pasir-pasir, mangka nyaranyi reujeung suka di payuneun PANGERAN!
9 Sabab Mantenna rawuh rek nyepeng ieu bumi. Mantenna baris marentah pangeusi ieu dunya, marentah kalawan adil jeung satemenna.