:

Jabur 97

1

PANGERAN teh Raja! Bumi, masing gumbira! He pulo-pulo di lautan, masing suka!

2

Mantenna dikubeng ku mendung jeung angkeub, marentahna adil, satemenna.

3

Seuneu ngagedur saheulaeun Mantenna, ngahuru musuh-musuh sakurilingna.

4

Kilat-kilat Mantenna nyaangan alam dunya, bumi ngadegdeg nenjo eta.

5

Gunung-gunung laleyur kawas lilin di payuneun PANGERAN, di payuneun Gustina sakuliah jagat.

6

Satungkebing langit ngutarakeun kaadilan Mantenna, sakumna bangsa-bangsa nyaraksian kamulyaana-Na.

7

Nu maruhit ka arca-arca diera-era, ilah-ilah kabeh ngareluk di payuneun PANGERAN.

8

Urang Sion galumbira, kitu deui kota-kota tanah Yuda, sararuka ku putusan Gusti, nun PANGERAN.

9

Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, Gusti nyepeng sakuliah jagat. Gusti punjul ti sadaya ilah-ilah.

10

PANGERAN asiheun ka jalma nu ngamusuh kagorengan. Mantenna nangtayungan hirup umat-Na, diluputkeun tina genggeman jalma jarahat.

11

Cahya caang sumirat ka nu balener, kasenangan tumerap ka nu balageur.

12

He jalma-jalma nu satemenna, masing saruka ku anu geus dipidamel ku PANGERAN, ingetkeun, sukurkeun, naon-naon anu geus dijalankeun ku Allah nu suci.

Link: