Jakaria 6
Aya deui titingalan sejen. Ayeuna anu katingal teh opat kareta perang, datang ti sela-sela dua gunung tambaga.
Anu kahiji ditarik ku kuda beureum, anu kadua ku kuda hideung,
anu katilu ku kuda bodas, anu kaopat ku kuda belang.
"Naon hartosna eta kareta-kareta perang teh, Juragan?" kaula nanyakeun ka eta malaikat.
Anjeunna ngawaler, "Eta nuduhkeun opat rupa angin, anu asalna ti payuneun PANGERAN, Gustina sakubeng alam."
Kareta perang anu ditarik ku kuda hideung, majuna ka kaler, ka nagri Babul; anu ditarik ku kuda bodas majuna ka kulon; anu ditarik ku kuda belang majuna ka nagri-nagri di pakidulan.
Ari kuda nu belang, barang bijil bangun geus teu sabar hayang buru-buru nyemprung ngaronda jagat! Timbalan malaikat teh, "Jig, geura mariksa jagat!" Brul bae nyemprung.
Geus kitu malaikat teh ngagero ka kaula, lahiranana, "Kuda anu ka kaler, ka nagri Babul, geus ngalelerkeun bebendu PANGERAN."
PANGERAN ngembankeun ieu sabda ka kaula.
Dawuhana-Na, "Cokot pangbakti anu disumbangkeun ku Heldai, Tobia, jeung Yedaya, nya eta jelema-jelema anu kakara daratang ti pangbuangan di Babul. Buru-buru bawa ka imah Yosia bin Sepanya.
Perak jeung emas tea jieun makuta, tuluy terapkeun kana sirah Imam Agung Yosua bin Yosadak.
Bejakeun ka manehna, kieu kituh timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa: ‘Jelema anu disebut Sirung tea bakal ngarandakah di tempatna, sarta bakal ngadegkeun deui Bait PANGERAN.
Eta pisan jelemana anu bakal ngadegkeun deui Bait Kami teh, sarta bakal meunang kahormatan saperti raja, sarta bakal nyangking rahayatna. Di gigireun korsi karajaanana aya hiji imam, anu bakal digawe babarengan jeung manehna kalawan mulus rahayu.’
Ari makuta tea bakal jadi tanda pangeling-eling di Bait Kami, geusan tanda ngahormat ka Heldai, Tobia, Yedaya jeung Yosia."
Jalma-jalma ti nu jarauh bakal daratang, ngabantuan ngadegkeun deui Bait PANGERAN. Di mana eta geus bukti, bakal kanyahoan yen PANGERAN Nu Maha Kawasa anu ngutus kaula ka aranjeun teh. Eta kabeh pinasti bukti, saupama aranjeun enya-enya narurut kana parentah-parentah PANGERAN, Allah aranjeun.