Dina taun kaopat pamarentahan Raja Darius, dina tanggal opat belas bulan kasalapan, bulan Kislew, PANGERAN ngembankeun sabda-Na ka sim kuring.
2
Aya utusan urang Betel, nya eta Sareser jeung Regem Melek jeung batur-baturna, diutus ka Bait PANGERAN Nu Maha Kawasa, dititah menta berkah PANGERAN,
3
jeung dititah nanyakeun ka para imam jeung nabi-nabi, kieu, "Kumaha dina sasih lima, naha kedah puasa deui tawis mikasedih ancurna Bait Allah, sapertos anu parantos dilakonan pirang-pirang taun?"
4
Sabda PANGERAN anu diembankeun ka kaula teh kieu,
5
"Bejakeun ka jelema-jelema pangeusi ieu nagri jeung ka para imam yen puasa jeung tanda sedihna anu dilalampahkeun saban bulan kalima jeung katujuh salila tujuh puluh taun ieu, lain dumeh hormat ka Kami.
6
Jeung ari dalahar jeung ngarinum ngan pikeun kasugemaanana sorangan."
7
Pangandika PANGERAN liwat nabi-nabi anu ti hareula oge kitu, nya eta jaman Yerusalem masih keneh makmur jeung aya keneh pangeusina. Jaman harita jalma-jalma caricingna lain ngan di desa-desa sabudeureun kota bae, tapi malah aya nu caricing di bagian kidul jeung di suku-suku pagunungan beulah kulon.
8
PANGERAN ngembankeun ieu sabda ka Jakaria.
9
Timbalana-Na, "Baheula Kami geus ngaluarkeun parentah-parentah ka umat Kami, ungelna: ‘Maraneh kudu adil, kudu karunyaan, kudu hade hate ka pada batur.
10
Ulah nindes ka randa-randa, ka yatim pahatu, ka urang asing nu ngaradon hirup di maraneh, jeung ka nu keur nandangan kasusah. Jeung ulah boga niat jahat ka nu sejen.’
11
Tapi umat Kami baredegong arembungeun ngadenge. Maranehna nyarocokan ceuli,
12
sarta ngahaja nareuaskeun hate, tareuas kawas cadas. Ku lantaran henteu narurut kana piwuruk-piwuruk Kami anu diamanatkeun ka nabi-nabi jaman harita, Kami jadi pohara keuheulna.
13
Ari Kami ngomong teh tara didarengekeun. Anu matak ana maranehna neneda, panedana ku Kami tara didengekeun.
14
Lir ditebak ku angin topan, maranehna ku Kami dikebutkeun ka nagri-nagri batur. Ari nagri anu ieu jadi kosong, euweuh jelemaan saurang-urang acan."