:

Kajadian 13

1

Ti Mesir Abram angkatna ngaler ka pakidulan tanah Kanaan, geureuhana jeung sagala kagunganana dicandak, kitu deui Elut.

2

Abram kacida beungharna, loba dombana, embena, sapina, kitu deui emas jeung perakna.

3

Ti dinya majeng deui, majeng deui, ngajugjug ka Betel. Geus kitu sumping ka hiji tempat antara Betel jeung Ai urut anjeunna bareto ngadegkeun kemah

4

jeung altar tea. Seug anjeunna di dinya ngabakti ka PANGERAN.

5

Elut oge kagungan domba, embe jeung sapi, sarta kagungan baraya-baraya ku anjeun, jeung badega-badega.

6

Ku sabab kitu, ari dipake ku duaan mah tanah pangangonan di dinya teh moal cukup, kawantu ingon-ingon masing-masing sakitu reana.

7

Kajadianana, jelema-jelema anu ngurus ingon-ingon Abram jeung ingon-ingon Elut sok garelut bae. (Harita teh tanah masih dicicingan ku bangsa Kanaan jeung bangsa Pares.)

8

Saur Abram ka Elut, "Urang teh jeung dulur. Jelema-jelema anu ngurus ingon-ingon hidep jeung anu ngurus ingon-ingon Uwa ulah nepi ka cekcok.

9

Leuwih hade urang misah. Pek hidep rek milih tanah nu mana, terus misah ti Uwa. Mun hidep ngenca, Uwa ngatuhu, mun hidep ngatuhu, Uwa ngenca."

10

Elut rarat-reret ka sakurilingna, breh katingalieun sakuliah Walungan Yordan ngembat manjang ka Soar, daerah sugih ku cai lir taman Allah atawa lir tanah Mesir. (Harita mah nagara Sadumu jeung Gomora acan diduruk ku PANGERAN.)

11

Seug Elut milih eta lebak Walungan Yordan, geus kitu bral ngalih ka beulah wetan, misah ti uwana.

12

Abram mah tetep di tanah Kanaan. Ari Elut ngababakan di antara kota-kota di lebak nepi ka deukeut nagara Sadumu,

13

anu jelema-jelemana jarahat, doraka ka PANGERAN.

14

Sadikantunna ku Elut, PANGERAN ngadawuh ka Abram, "Cik, lieukan ti lebah maneh nangtung ka sakurilingna.

15

Eta tanah sakurilingna ku Kami rek dibikeun ka maneh salalawasna, turun-tumurun.

16

Turunan maneh ku Kami rek pohara dijembarkeunana, nepi ka lobana moal bisa kaitung, sarua jeung lobana kekebul taneuh moal bisa kabilang.

17

Geura sadia, ideran eta tanah teh sakurilingna, sabab ku Kami rek diserenkeun kabeh ka maneh."

18

Sanggeus kitu Abram mindahkeun pakemahanana tuluy matuh di deukeut tatangkalan karamat tempat ibadah di Mamre deukeut Hebron, didinya anjeunna ngadegkeun altar haturan PANGERAN.

Link: