:

Kajadian 14

1

Hiji mangsa, Amrapel raja di nagara Babilonia, Ariok raja nagara Elasar, Kedorlaomer raja nagara Elam, jeung Tidal raja nagara Goyim,

2

perang ngalawan lima raja: Bera raja nagara Sadumu, Birsa raja nagara Gomora, Sinab raja nagara Admah, Semeber raja nagara Seboim, jeung raja ti nagara Bela atawa Soar.

3

Ieu lima raja jadi sabeungkeutan, sarta natakeun balad-baladna di Lebak Sidim, anu kiwari mah disebut Laut Paeh.

4

Tadina ieu lima raja teh taluk ka Raja Kedorlaomer, lilana dua belas taun. Ari dina katilu belas taunna tuluy barontak.

5

Dina taun kaopatbelasna Raja Kedorlaomer sakancana mepek balad, terus ngelehkeun urang Repaim di Asterot Karnaim, urang Susim di tanah Ham, urang Emim di padataran Kiryataim,

6

jeung urang Hor di pagunungan Edom, nepi ka El Paran anu pernahna di rarambu tanah gurun.

7

Ti dinya terus balik deui ka Kades anu saterusna disebut En Mispat, ngelehkeun tanah urang Amalek sagemblengna, kitu deui ngelehkeun urang Emor anu araya di Hasason Tamar.

8

Ti dinya raja-raja ti nagara Sadumu, Gomora, Admah, Seboim, jeung Bela mepek balad-baladna ka Lebak Sidim,

9

ngalawan raja-raja Kedorlaomer ti Elam, Tidal ti nagara Goyim, Amrapel ti nagara Babilonia, jeung Ariok ti nagara Elasar. Lima ngalawan opat.

10

Ari di Lebak Sidim teh loba pisan sumur-sumur aspal. Raja Sadumu jeung Gomora nyoba-nyoba arek kabur ti pangperangan, tapi tigalebrus kana sumur-sumur aspal tea. Nu tiluan kalabur ka pagunungan.

11

Raja-raja anu opat terus ngaranjah ka nagara Sadumu jeung Gomora, ngarampas sagala rupa katut bahan-bahan dahareun, terus marulang.

12

Ari Elut suanna Abram milu kaboyong katut sagala kakayaanana, kawantu matuh deukeut Sadumu.

13

Kabeneran aya anu bisa lolos saurang, bebeja ka Abram, urang Ibrani tea, anu aya di deukeut tatangkalan karamat tempat ibadah milik Mamre, urang Emor, dulurna Eskol jeung Aner, anu geus ngahiji jeung Abram.

14

Barang Abram ngadangu yen suanna kaboyong, sakur jelema anu aya di pakemahanana dikumpulkeun, nya eta jelema anu ahli perang, lobana 318 urang, tuluy ngudag opat raja tea nepi ka kota Dan.

15

Di dieu dipencar jadi sababaraha barisan. Sanggeus peuting terus musuh ditempuh nepi ka eleh, dibeberik nepi ka Hoba kalereun Damsik.

16

Barang-barang anu dirampas ku musuh dicandakan deui. Kitu deui Elut katut sagala milikna jeung jelema-jelema nu sejenna deui awewe lalaki.

17

Satengahing mulih jurit tas ngelehkeun Raja Kedorlaomer saparakancana, Abram dipapag ku raja Sadumu di Lebak Sawe (katelah oge Lebak Raja).

18

Kitu deui Melkisidik, raja ti nagara Salem sarta jadi imam Allah Nu Maha Agung, mapag ka Abram ngahaturanan roti jeung anggur.

19

Anjeunna ngaberkahan ka Abram, pilahirna, "Mugi-mugi Abram ginanjar berkah Allah Nu Maha Agung, anu ngadamel bumi sareng langit.

20

Sagala puji ka Allah Nu Maha Agung, anu parantos nyelehkeun eta musuh ka pangersa salira." Anjeunna ku Abram dihaturanan sapersapuluh tina barang-barang hasil perang.

21

Geus kitu raja Sadumu tea sasauran ka Abram, "Mugi anjeun kersa mulangkeun eta rahayat sim kuring. Dupi barang-barang mah mangga candak sadayana, sumeja ngahaturanan."

22

Waler Abram, "Sim kuring sumpah di payuneun PANGERAN, Allah Nu Maha Agung, anu ngadamel langit sareng bumi,

23

hamo bade ngagaduh-gaduh kana barang-barang anjeun, benang salambar atanapi tali tarumpah sacewir oge moal, bisi engke saur anjeun: ‘Aing geus ngabeungharkeun Abram.’

24

Sim kuring pribadi mah moal ngabantun naon-naon iwal ti anu parantos kaanggo ku balad. Nanging ieu mitra sim kuring tiluan, Aner, Eskol sareng Mamre, sawios sina ngabarantun bagianana."

Link: