Kajadian 16
Sarai garwa Abram tea, teu kagungan putra bae. Anjeunna kagungan emban, hiji wanita urang Mesir ngaran Hajar.
Hiji mangsa Sarai sasauran ka Abram, "Abdi ku PANGERAN teu dikersakeun gaduh anak. Kumaha upami Akang ngarangkep sareng Hajar? Upami bae manehna ngajuru, budakna bade diaku ku abdi." Abram sapuk kana usul Sarai.
Tuluy Hajar teh ku Sarai diserenkeun ka Abram sina ditikah. Eta kitu teh sanggeus Abram sapuluh taun ayana di Kanaan.
Abram sapatemon jeung Hajar. Geus kitu Hajar teh ngandung. Barang ngarasa yen keur kakandungan, Hajar jadi unggah adat, malah ngahina ka Sarai.
Ari Sarai nempuhkeun ka Abram, saurna, "Mana manehna wantun ngahina ka abdi ge Akang nu lepat. Hanas ku abdi diserenkeun ka Akang, ari heug nembe oge ngawitan kakandungan parantos wantun ngunghak ka abdi. Mugia PANGERAN anu jadi hakim, antawis urang duaan saha nu leres."
Ari saur Abram, "Ari kitu mah ku Akang dipulangkeun deui bae ka Nyai. Rek dikitu rek dikieu kumaha Nyai, da tadina oge emban Nyai." Ti dinya Hajar ku Sarai dikejeman nepi ka ahirna kabur.
Sanggeus nepi ka hiji cinyusu di gurun keusik deukeut jalan anu terus ka tanah Sur, Hajar ditepangan ku Malaikat PANGERAN.
Eta Malaikat sasauran kieu, "Hajar, emban Sarai, maneh ti mana jeung rek ka mana?" Hajar ngawangsul, "Abdi teh kabur ti juragan Sarai."
Saur Malaikat, "Balik deui ka ditu, kumawula deui ka Sarai."
Malaikat ngalahir deui, "Kami baris maparin ka maneh pirang-pirang lobana anak incu, nepi ka moal aya saurang oge anu bisa ngitung maranehna.
Moal lila deui maneh baris ngalahirkeun budak lalaki; seug ngaranan Ismail, karana PANGERAN geus ngadangu panyambat maneh.
Adat eta budak jagana lir ibarat kalde leuweung, ka saha-saha ngalawan, kitu deui tiap jalma baris ngalawan ka manehna. Hirupna baris mencil ti sakabeh babarayaanana."
Hajar nanya ka dirina, "Kutan ieu teh Anu Maha Tingali?" Seug pajenengan PANGERAN anu nembongan teh ku Hajar disebut "El Roi", hartosna "PANGERAN Nu Merhatoskeun".
Ari sumurna pada nyarebut "Sumur Lahai Roy", anu hartina "Cinyusu Anu Jumeneng Anu Ningalieun ka Kuring", ayana di antara Kades jeung Bered.
Geus kitu Hajar ngalahirkeun hiji putra pikeun Abram. Seug ku Abram dijenenganan Ismail.
Yuswa Abram harita dalapan puluh genep taun.