:

Kajadian 15

1

Geus kitu PANGERAN ngandika ka Abram dina titingalan. Dawuhana-Na, "Tong sieun, Abram! Ieu Kami anu jadi kepeng maneh. Ganjaran pikeun maneh taya wiwilanganana."

2

Abram ngawangsul, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung, kangge naon ganjaran, da abdi teh teu gaduh anak. Ahli waris teh mung pun Elieser, urang Damsik tea.

3

Ku margi Gusti henteu maparin anak, rajakaya abdi baris ragragna teh tangtos ka salah sawios gandek abdi."

4

Gentra PANGERAN kadangu deui, dawuhana-Na, "Lain eta nu baris jadi ahli waris teh, tapi anak maneh pituin."

5

Ti dinya Abram ku PANGERAN dicandak ka luar. PANGERAN ngadawuh deui, "Cik tanggah ka langit, itung itu bentang ari bisa mah. Tah turunan maneh teh bakal sakitu lobana."

6

Abram percanteneun kana dawuhana-Na. Sikep Abram kitu ku PANGERAN kamanah sarta katampi.

7

PANGERAN ngadawuh deui, "Ieu Kami PANGERAN, anu nginditkeun maneh ti Ur di Babilonia, sangkan maneh narima ieu tanah Kami."

8

Abram ngawangsul, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung, kumaha abdi nya piterangeun, yen abdi baris ngamilik ieu tanah?"

9

Dawuhan PANGERAN, "Kami pangnyokotkeun sapi bikang, embe bikang, jeung embe jalu anu umur tilu taunan hiji-hiji, tikukur hiji, japati hiji."

10

Seug sato-sato anu ditataan teh ku Abram dicandak haturkeuneun ka Allah, terus dipeuncit dibeulah-beulah dua. Eta beulahan-beulahan dientep, diatur sina pahareup-hareup jeung pada beubeulahanana masing-masing. Tapi manukna mah teu dibeulah.

11

Ti dinya aya manuk-manuk nu sok ngahakan bangke tarurun, tapi ku Abram digebahan.

12

Ari dina wanci surup panonpoe Abram kapulesan tibra naker, di dituna katarajang sieun anu pohara.

13

Lajeng PANGERAN ngadawuh ka anjeunna, "Kanyahokeun! Turunan maneh baris jaradi jalma asing di nagara deungeun, di dituna bakal jaradi jalma anu diereh ku deungeun jeung dikaniaya, 400 taun lilana.

14

Tapi bangsa anu nganiayana ku Kami baris dihukum. Sanggeus kitu turunan maneh baris kaluar ti eta nagara bari marawa rajabrana kacida lobana.

15

Tapi maneh pribadi mah baris cukup nya umur, maot oge engke ari geus kolot kabina-bina, tur mulang kalawan senang.

16

Turunan maneh anu baris marulang deui ka ieu tanah teh nya eta turunan anu kaopat. Nya harita bangsa Emor teh ku Kami baris dikaluarkeun, diusir, nya eta lamun kajahatan eta bangsa enggeus nepi ka jucungna."

17

Geus kitu, sanggeus panonpoe surup pisan sarta geus poek, ujug-ujug breh aya parapen, haseupna ngebul, jeung aya obor hurung nyorang ka lebah sato-sato beunang ngabeulahan tea.

18

Dina poe eta PANGERAN ngadamel hiji perjangjian jeung Abram, dawuhana-Na, "Kami jangji, rek mikeun ieu tanah pikeun turunan maneh, legana ti semet wates tanah Mesir nepi ka Walungan Eprat,

19

ngurung tanah-tanah urang Keni, urang Kenas, urang Kadmoni,

20

urang Het, urang Pares, urang Repaim,

21

urang Emor, urang Kanaan, urang Girgas jeung urang Yebus."

Link: