:

Kajadian 19

1

Wanci sareupna, dua malaikat tea geus sarumping ka Sadumu. Waktu eta Elut keur calik-calik di gapura nagara, tempat nu lalar liwat. Ningali aya nu sumping teh geuwat cengkat tuluy mapagkeun. Anjeunna sujud payuneun tamu,

2

tuluy miunjuk, "Juragan-juragan, mugi sindang ka rorompok, sim kuring sumeja ngalalayanan. Wengi ieu sae karulem di abdi bae, cai kanggo wawasuh sampean mah sayagi. Enjing nembe lajeng deui." Waler tamu, "Nuhun, kami mah rek meuting di alun-alun bae."

3

Tapi bawaning ku dikeukeuhan, aranjeunna terus ngariring ka bumi Elut. Terus dituangkeun, katuanganana bangsa anu raraos.

4

Barang tamu-tamu rek karulem, burubul urang Sadumu dararatang ngepung bumi Elut, mani pinuh, boh nu kolot boh nu ngora.

5

Breng tinggorowok ka Elut, "Mana eta jelema-jelema anu keur meuting di dinya? Kaluarkeun, arek dijima ku kabehan!"

6

Elut kaluar, panto ditutupkeun.

7

"Dulur-dulur!" saurna. "Ulah kitu ka tatamu, teu hade.

8

Kieu bae. Kuring boga anak awewe dua, parawan keneh. Pek bae rek dikitu rek dikieu oge, asal ulah ka tatamu. Tamu kuring eta teh, wajib ku kuring dibelaan."

9

"Halik silaing, urang deungeun! Jadi naon di dinya teh wani-wani mamagahan ka kami? Halik, bisi beak disasaak!" ceuk maranehna bari ngadorong Elut, rek ngaruksak panto.

10

Geuwat Elut ku tamuna dibedol ka jero, pantona terus ditulakan.

11

Ari jelema-jelema nu di laluar ku aranjeunna dijieun lalolong, sina talag-tolog teu bisa neangan panto.

12

Saur tamu ka Elut, "Maneh boga baraya di dieu? Maneh kudu kaluar ti ieu nagara. Anak minantu, kitu deui baraya nu sejen-sejenna arajak.

13

Ieu nagara sakeudeung deui baris dibasmi ku kami. Rumahuhna jelema-jelema ku karana ieu nagara geus kadangu ku PANGERAN, sarta kami diutus ku Mantenna kudu ngabasmi ieu nagara."

14

Ti dinya Elut nepangan pimantueunana nu duaan, saurna, "Ujang, buru-buru urang kalaluar ti dieu, sabab ieu nagara sakeudeung deui rek dibasmi ku PANGERAN." Tapi ceuk pamikir pimantueunana tangtuna oge eta mah ukur lulucon.

15

Wanci subuh, malaikat ngageugeuwat ka Elut, saurna, "Buru-buru! Anak pamajikan bawa kaluar ti dieu, gancang, bisi kabawa cilaka jeung ieu nagara."

16

Tapi Elut kaleked pisan, tungtungna anjeunna saputra garwa dikekenyang dicandak kaluar ti jero nagara, bawaning ku watir-watirna PANGERAN ka anjeunna. Sanggeus aya di luareun nagara, terus ditilar.

17

Saur malaikat nu saurang ka Elut, samemeh nilarkeun, "Gancang ka ditu lumpat, supaya salamet. Ulah nyoreang ka tukang, jeung ulah eureun di lebak. Kudu terus ka pagunungan, supaya teu milu musna."

18

Tapi saur Elut, "Sanes kitu, Juragan!

19

Leres Juragan teh sakitu mikarunya ka abdi. Juragan kalintang saena, kersa nyalametkeun ka abdi. Nanging pagunungan teh sakitu tebihna. Samemeh tepi ka ditu oge tangtos abdi-abdi paeh manten kaudag ku eta kacilakaan.

20

Kumaha upami ka kota nu itu bae, kota leutik? Ka dinya mah tangtos kabujeng da teu sabaraha tebihna. Ku Juragan ge katingali kotana alit. Widian ka dinya bae, supados abdi-abdi salamet."

21

Walerna, "Heug. Eta kota ku kami moal milu dibasmi.

22

Geuwat, lumpat sing tarik! Kami moal waka bisa nanaon samemeh maneh nepi ka dinya." Ku sabab ku Elut disebut leutik, eta kota dingaranan Soar.

23

Wanci meletek panonpoe, Elut geus dugi ka Soar.

24

Ti dinya PANGERAN ngaragragkeun hujan walirang hurung ti langit, ka nagara Sadumu jeung Gomora.

25

Eta dua nagara katut salegana lebak ku PANGERAN dibasmi. Jelema-jelemana kitu deui sagala tutuwuhan di eta nagara katut daerahna beak teu aya nu ngari.

26

Ari istri Elut anggur ngalieuk ka tukang, sarta harita keneh jleg bae ngajadi tihang uyah.

27

Poe isukna, poek keneh, Ibrahim gagancangan muru ka tempat kamari sasarengan jeung PANGERAN tea,

28

seja nempo Sadumu jeung Gomora kitu deui lebak. Ana breh teh salegana tanah mani mulek ku haseup, tingpeledug lir bijil tina liang pameuleuman anu pohara gedena.

29

Sajeroning Allah ngabasmi eta dua nagara katut tanah lebak lemparna, manahna tetep mikaemut ka Ibrahim, sarta ku karana eta Mantenna ngawidian Elut salamet kaluar ti dinya.

30

Ku sabab teu wantun cicing di Soar, Elut ngalih ka pagunungan jeung dua putrana, ngadon matuh di hiji guha.

31

Hiji poe, ceuk putra nu kolot ka raina, "Ama geus sepuh. Heug di dieu taya pisan lalaki. Atuh urang teh moal aya anu ngawin cara galibna di dunya supaya boga anak.

32

Urang kieu bae: Ama urang sina mabok, sina ngagaulan ka urang, supaya ti Ama boga anak."

33

Peuting eta Elut ku putra-putrana dihaturanan leueuteun anggur nepi ka mabok, tuluy pagaul jeung putrana nu cikal. Tapi teu uningaeun yen kikituan jeung putrana, kawantu mabokna pohara.

34

Poe isukna, ceuk nu cikal ka adina, "Tadi peuting, aceuk anu digarap ku Ama. Peuting engke giliran nyai. Amana urang sina mabok deui. Supaya urang pada-pada boga anak ti Ama."

35

Tuluy ramana dimabokan deui, sarta peutingna Elut pagaul jeung putrana nu kadua. Tapi teu uningaeun yen kikituan, lantaran mabokna pohara deui bae.

36

Ti dinya putrana duanana ngarandung ti ramana keneh.

37

Anu cikal, anakna lalaki, dingaranan Moab, anu engkena jadi karuhun bangsa Moab kiwari.

38

Ari adina, anakna sarua lalaki, dingaranan Ben Ami, anu engkena jadi karuhun bangsa Amon.

Link: