:

Kajadian 20

1

Ti Mamre Ibrahim ngalih ka daerah Kanaan beulah kidul, ngababakan antara Kades jeung Sur. Waktu anjeunna mukim di daerah Gerar,

2

Sarah geureuhana ku anjeunna diangken yen raina. Atuh Sarah diboyong ka karaton ku Abimelek, raja tanah Gerar.

3

Peutingna Allah nembongan ka eta raja dina impenan, sarta ngadawuh, "Maneh bakal paeh, sabab Sarah teh awewe boga salaki."

4

Tapi harita Sarah teh ku raja acan di deukeutan. Anjeunna ngawaler kieu, "Naon margina abdi sareng bangsa abdi kedah binasa, da teu gaduh kalepatan naon-naon?

5

Saur Ibrahim eta teh raina. Sanggem Sarah nya kitu, majar Ibrahim teh rakana. Niat abdi estu beresih, jadi asa teu aya lepatna."

6

Allah ngawaler, "Enya Kami ge nyaho niat maneh teh beresih; pang ku Kami dicegah ulah ngaganggu Sarah oge supaya maneh ulah nepi ka nyieun dosa ka Kami.

7

Pulangkeun deui ka salakina. Salakina teh nabi, tangtu baris mangnedakeun hampura pikeun maneh, supaya ulah tulus paeh. Lamun henteu dipulangkeun, maneh sakulawedet tangtu paeh."

8

Isukna isuk-isuk pisan Abimelek ngempelkeun para ponggawa, nyarioskeun hal eta. Maranehna kacida sarieuneunana.

9

Ti dinya Abimelek nyaur Ibrahim, sarta saurna, "Ku naon anjeun mana kitu? Lepat naon sim kuring ka salira, nepi ka sim kuring katut rahayat sanagara nandangan musibat? Nu sanes mah moal aya nu wantun kitu ka sim kuring, sapertos salira.

10

Cobi, naon margina?"

11

Waler Ibrahim, "Lantaran panyangka sim kuring teh sieun di dieu mah taya nu sieun ka Allah, ana heug urang dieu harayangeun ka pun bojo, heug bae sim kuring pada maehan.

12

Nanging leres pun bojo teh adi, sabapa mung misah indung, nu matak ku sim kuring ditikah.

13

Kitu nu mawi, waktos Allah nimbalan sim kuring kedah ngantunkeun babakan pun bapa ngumbara ka nagri sanes, pun bojo teh ku sim kuring sok dipesen kieu, ‘Nyai sing bela ka Akang, di mana bae oge Nyai kudu nyebutkeun yen Akang teh lanceuk.’"

14

Ti dinya Sarah ku Abimelek dipulangkeun ka Ibrahim, malah bari ditambahan ku domba, sapi jeung jelema-jelema purah kumawula.

15

Saurna ka Ibrahim, "Saena mah tetep-tetep bae sareng urang dieu. Tanah mah kantun milih nu mana copna, da sugri nu katingali ku salira teh sadayana oge tanah gagaduhan."

16

Ari saurna ka Sarah, "Sim kuring ngahaturanan ka tuang raka sarebu uang perak, kanggo panyecep ka sugri anu reureujeungan sareng Nyai, sina nyakseni yen salira taya kuciwa."

17

Geus kitu Ibrahim mangnedakeun Abimelek ka Allah. Seug Abimelek jeung geureuhana ku Allah dicageurkeun, sina iasa puputra sakumaha mistina.

18

Satadina PANGERAN geus mepet kandungan wanita-wanita saeusi bumi Abimelek dumeh Abimelek midamel kitu ka Sarah geureuhana Ibrahim.

Link: