Kajadian 24
Ibrahim geus kacida sepuhna. Sagala lampah hirupna ku Allah diberkahan.
Dina hiji poe ngalahir ka badega pangkolotna, purah ngurus kakayaan anjeunna, "Pernahkeun leungeun maneh ka antara tetepokan kami.
Kudu sumpah demi PANGERAN, Allah nu kagungan langit jeung bumi, yen keur pijodoeun anak kami maneh moal neangan awewe urang dieu, urang Kanaan.
Teangan pijodoeun anak kami Ishak ti lebah babarayaan kami di tanah asal kami. Jadi maneh kudu ka ditu."
Badega ngawangsul, "Kumaha upami piistrieunana teu kersaeun dicandak, hoyongeun tetep di ditu? Naha tuang putra kedah ka ditu ka tanah asal Juragan?"
Waler Ibrahim, "Ulah! Kahade, anak kami ulah dibawa ka ditu!
PANGERAN, Allah nu kagungan langit, nginditkeun kami ti lingkungan bapa jeung baraya. Mantenna geus jangji ka kami nganggo sumpah, baris masrahkeun ieu tanah keur turunan kami. Mantenna baris ngutus malaikat-Na nuyun ka maneh, sangkan hasil meunangkeun pijodoeun anak kami.
Saupama pijodoeunana embungeun milu, maneh geus henteu kabeungkeut ku jangji. Pokona mah anak kami ulah nepi ka kudu ka ditu."
Seug badega teh mernahkeun leungeunna ka antara tetepokan Ibrahim dununganana, tuluy sumpah seja tuhu kana pamundut.
Ti dinya nyadiakeun onta sapuluh anu dununganana, kitu deui barang-barang nu aralus. Bral miang ka nagara tempat Nahor jenatna di Mesopotami.
Sanggeus nepi ka nu dijugjug, seug ngareureuh deukeut hiji sumur luareun kota. Pasosore awewe urang dinya rabul rek ngarala cai.
Badega teh seug neneda, "Nun PANGERAN, Allah juragan Ibrahim. Mugi abdi dinten ieu ditepangkeun sareng anu nuju dipilari. Mugi Gusti emut kana jangji ka dunungan abdi.
Abdi sumeja ngantos dongkapna barudak awewe ti kota ngarala cai ka dieu,
bade nyanggem ka salah saurang: ‘Cik nyuhunkeun caina, Bapa halabhab.’ Upami wangsulanana: ‘Mangga, malah onta-onta oge urang inuman,’ nya manehna anu ku Gusti kamanah baris pijodoeun juragan Ishak. Eta jadi tawis pikeun abdi, yen jangji Gusti ka dunungan abdi tetep pageuh."
Sabot manehna neneda keneh, jol aya hiji mojang nyuhun buyung wadah cai. Eta mojang teh Rabeka putra Betuel, putuna Milka garwa Nahor raina Ibrahim.
Rupana teuing ku geulis jeung parawan keneh. Jut turun ka sisi sumur ngeusian buyung, cat unggah deui.
Badega nyampeurkeun, pok ngomong, "Cik nyuhunkeun caina, Bapa halabhab."
Ari wangsulanana, "Mangga bade ngaleueut mah," bari buru-buru nyangkeh buyung di dengdekkeun. Regot manehna nginum.
Geus kitu eta mojang teh ngomong, "Onta-onta oge sae urang inuman. Keun caina ku abdi dipangalakeun."
Cai tina buyung dicicikeun kana panginuman nepi ka kosong, terus lumpat ngeusian deui. Kitu jeung kitu bae, nepi ka onta-onta kabeh ngarinum.
Manehna bati bengong, ngawaskeun barina repeh, hayang nyaho, naha pamaksudanana teh baris diluluskeun ku PANGERAN atawa moal.
Geus kitu manehna ngaluarkeun anting emas jeung geulang emas sapasang, seug diterapkeun ka nyi mojang.
Pok nanya, "Eulis putra saha? Bapa hayang terang. Kumaha kinten-kintenna tuang rama kersaeun nampi Bapa sabatur-batur ngadon mondok barang sawengi?"
Ari wangsulanana, "Abdi putra Betuel, putu Eyang Nahor sareng Eyang Milka.
Kantenan di rorompok aya tempat. Jarami sareng parab onta oge sayagi."
Badega teh terus sujud, muji sukur ka PANGERAN.
Ari kedalna, "Sagala puji kagungan PANGERAN, Allah panutanana juragan Ibrahim. Mantenna satia nyepeng jangji-Na ka dunungan sim abdi. PANGERAN parantos nuyun sim abdi, nuduhkeun jalan ka bumi saderekna dunungan sim abdi."
Ari nyi mojang lumpat ka bumi, seug wawartos ka ibuna.
Cacariosna kadangu ku raina, Laban, malah katingalieun yen nganggo anting emas jeung geulang emas, raina terus lumpat, seja neang jelema anu dicarioskeun tea. Kasampak keur nangtung deukeut onta-onta sisi sumur.
(24:29)
Saur Laban, "Haturan Bapa, nu diberkahan ku PANGERAN! Ku naon linggih di dieu bae, sanes teras ka ditu. Mangga urang sareng ka rorompok, tempat parantos sayagi, kangge onta oge aya."
Badega teh terus milu. Sanggeus tepi onta-onta ku Laban dicuculan, diberean jarami jeung parab. Geus kitu disadiakeun cai keur eta badega Ibrahim sabatur-batur kukumbah suku.
Barang disina dalahar, manehna unjukan, "Nyuhunkeun widi, sateuacanna neda bade aya pisanggemeun heula." Saur Laban, "Mangga saurkeun bae."
"Sim kuring teh badegana juragan Ibrahim," pokna.
"Anjeunna ku PANGERAN dikersakeun kalintang beungharna sareng mulyana. Ingon-ingonna teu kinten seueurna, domba, embe, sapi, onta, kalde, kitu deui emas perak sareng badega-badega awewe lalaki.
Ti geureuhana, juragan Sarah tea, kenging putra pameget hiji. Dibabarkeunana saparantos juragan istri kalintang sepuhna. Ku ramana dipukpruk-pukpruk, sagala dipasihan.
Sim kuring ku juragan pameget diperih kedah milarian pijodoeun putrana. Saurna: ‘Maneh kudu sumpah heula yen moal neangan parawan urang Kanaan.
Anak kami kudu dipangneangankeun jodo ti rerehan bapa kami, ti lebah baraya-baraya kami di tanah asal kami. Upama lain ti ditu, maneh sing ulah jamuga.’
Sanggem sim kuring, ‘Kumaha upami piistrieunana teu kersaeun ngiring?’
Waler juragan: ‘PANGERAN, anu dibakti ku kami, baris ngutus malaikat-Na nuyun jeung nulung ka maneh, sangkan gawe maneh hasil. Tangtu maneh bakal manggih eta pijodoeun anak kami ti rerehan bapa kami, ti lebah wargi-wargina.
Upama ieu pamenta kami diestokeun, maneh moal tulus keuna ku supata kami. Kitu deui upama usaha maneh ku baraya kami teu ditarima, maneh bebas tina eta supata.’
Tadi sadongkapna ka sisi sumur, sim kuring neneda kieu, ‘Nun PANGERAN, Allah Ibrahim dunungan abdi, mugi kersa ngalaksanakeun ieu ihtiar.
Abdi sumeja ngantos di dieu di sisi sumur. Upami aya mojang anu dongkap rek ngala cai, abdi bade nyuhunkeun nginum tina buyungna.
Upami masihan, sarta ka onta-onta oge mangbantunkeun cai, mugi nya eta tawisna anu ku Gusti dipilih kangge pijodoeun putra dunungan sim abdi.’
Sabot sim kuring neneda jeroning ati, euis Rabeka sumping bari munggu buyung, teras ka sisi sumur ngala cai. Sanggem sim kuring ka anjeunna: ‘Cik Bapa pasihan caina.’
Anjeunna enggal nurunkeun buyung, sarta saurna: ‘Mangga bade ngaleueut mah, malah onta-onta ge urang inuman.’ Rot sim kuring nginum, ari anjeunna teras nginuman onta-onta.
Sanggem sim kuring: ‘Euis putra saha?’ Walerna: ‘Abdi putra Betuel, putu eyang Nahor sareng eyang Milka.’ Ti dinya sim kuring ngabantun anting emas sareng geulang emas, dianggokeun ka anjeunna.
Saparantos kitu sim kuring sideku muji sukur ka PANGERAN, Allahna juragan Ibrahim, wireh Mantenna parantos kersa maparin jalan pitepangeun sareng saderekna juragan Ibrahim, ditepangkeun sareng putrana nu istri, keur pigarwaeun putrana.
Ku margi kitu, sim kuring nyuhunkeun katangtosan. Upami eta kapalay juragan sim kuring karujukan, atuh sumangga saurkeun. Henteu bae karujukan, saurkeun keneh, supados puguh cekeleun sim kuring."
Waler Laban jeung Betuel, "Ku margi ieu teh pangersa PANGERAN, piraku kedah ditolak.
Mangga Rabeka candak ka ditu, tikahkeun ka putra dunungan anjeun, sakumaha timbalan PANGERAN tea."
Sanggeus aya ikrar kitu ti pribumi, brek badega Ibrahim teh sujud, sumembah ka PANGERAN.
Geus kitu ngaluar-luarkeun perhiasan tina emas jeung perak jeung anggoan-anggoan, keur Rabeka. Saderekna jeung ibuna karenging tawis kagegelan.
Sanggeus kitu kakara eta badega sabatur-batur teh dalahar nginum. Terus marondok. Isukna sanggeus harudang, manehna menta amit ka pribumi yen: "Bade wangsul ayeuna."
Walon ibu jeung saderekna Rabeka, "Ulah waka ayeuna. Engke bae saminggu deui atanapi sapuluh dinten, nembe pun anak candak ka ditu."
Ari jawabna, "Moal tiasa. PANGERAN parantos ngaberkahan perjalanan sim kuring dugi ka hasil anu diseja. Jadi ayeuna kedah enggal-enggal ngadeuheus ka dunungan."
Ceuk pribumi, "Urang saur heula bae Rabekana. Keun kumaha manehna."
Rabeka disaur seug dipariksa, "Daek ngiring ka ditu?" Wangsulanana, "Ngiringan."
Karujukan ku saderek-saderekna, Rabeka dijurungkeun, dibarengan ku pangasuhna, sina dibawa ku eta badega sabatur-batur,
bari pada ngadoakeun kieu, "Didoakeun sing jadi ibu ti mangrebu-rebu! Turunanana sing bisa ngarebut nagara musuh-musuhna!"
Sanggeus sagala tarapti, Rabeka jeung para inangna dicandak kana onta, terus ngiring ka ditu ngantunkeun lembur.
Ishak anyar sumping ka lebah Sumur Lahai-Roy, anu hartina "Cinyusu Anu Jumeneng Anu Ningalieun ka Kuring".
Isuk-isuk keneh pisan, waktu keur ngalanglangan huma, anjeunna ningali aleutan onta.
Rabeka oge geus awaseun ka Ishak, tuluy turun tina onta,
sarta mariksakeun ka badega, "Saha itu pameget anu nuju ka dieukeun?" Ceuk badega, "Juragan anom." Top Rabeka kana tiungna terus dicindungkeun.
Ti dinya badega teh ngunjukkeun sagala lalakonna ka Ishak.
Rabeka ku anjeunna dicandak ka kemah, satuluyna ditikah, kacida dipikacintana. Ku kituna Ishak teh manahna kabangbalerkeun, henteu cumantel teuing ka ibuna nu geus teu aya.