:

Kajadian 25

1

Ari Ibrahim nikah deui. Garwa nu ayeuna Keturah.

2

Ngababarkeun: Simran, Yoksan, Medan, Midian, Isbak jeung Suah.

3

Yoksan puputra Syeba jeung Dedan. Ari putra-putra Dedan nya eta: urang Asur, urang Letus jeung urang Leum.

4

Midian puputra Epa, Eper, Hanok, Habida jeung Eldaa. Sakitu turunan anjeunna ti Keturah.

5

Ibrahim ngahibahkeun sagala kakayaanana ka Ishak.

6

Tapi samemeh anjeunna pupus, putra-putra ti garwa nu lianna oge dipaparin bagian. Sanggeus mareunang bagian ku anjeunna dijarurung laku ka tanah wetan, sina jarauh ti Ishak.

7

Ibrahim yuswana nepi ka 175 taun.

8

Jadi pupusna teh sanggeus sepuh pisan.

9

Ku Ishak jeung Ismail dikurebkeun di Guha Makpela, anu pernahna di hiji lahan wetaneun Mamre, bogana Epron bin Sohar, urang Het.

10

Eta lahan ku Ibrahim geus digaleuh ti urang Het. Nya di dinya anjeunna dikurebkeunana. Sarah oge, geureuhana, dikurebkeunana teh di dinya.

11

Sadikantunna ku Ibrahim, Ishak diberkahan ku Allah, matuhna deukeut Sumur Lahai Roy.

12

Ari Ismail, putra Ibrahim ti Hajar urang Mesir, embanna Sarah tea,

13

kagungan sababaraha putra lalaki. Ieu ngaran-ngaranna, nurutkeun parelean umurna: Nebayot, Kedar, Adbel, Mibsam,

14

Misma, Duma, Masa,

15

Hadad, Tema, Yetur, Napis jeung Kedma.

16

Aranjeunna jaradi karuhun ti dua belas kaom, sarta ngaran-ngaranna diparake ngaran-ngaran pakampungan-pakampungan jeung tempat-tempat pakemahanana.

17

Ari Ismail yuswana 137 taun, tuluy pupus.

18

Turunan anjeunna hirupna di wewengkon antara Hawila jeung Sur, wetaneun Mesir, sapanjang jalan anu brasna ka tanah Asur. Harirupna misah ti nu jadi dulur.

19

Ieu lalakon Ishak putra Ibrahim.

20

Nikahna dina yuswa opat puluh taun, ka Rabeka putra Betuel urang Aram ti Mesopotami, saderekna Laban.

21

Ku sabab garwana henteu bae kagungan putra, ku anjeunna dipangnedakeun ka PANGERAN. Panedana dikabul, Rabeka bobot,

22

bobotna kembar. Waktu keur dikandungna keneh, eta dua sakembaran teh papaduk-paduk. Saur Rabeka, "Ku naon aing teh nepi ka nyorang nu siga kieu?" Seug anjeunna neneda ka PANGERAN, neda bongbolongan.

23

Ku PANGERAN diwaler, lahirana-Na, "Di jero kandungan maneh aya dua bangsa. Di mana gumelar, baris jadi dua kaom anu silih lawan. Nu hiji leuwih kuat batan nu sejen, sarta cikalna baris ngawula ka adina."

24

Nepi ka waktuna, Rabeka babar, putrana kembar.

25

Anu kaluarna ti heula kulitna beureum jeung pinuh ku bulu, nu matak dingaranan Esau.

26

Anu kaluar pandeuri, leungeunna ngeupeul pageuh kana keuneung Esau, nya dingaranan Yakub. Harita, yuswa Ishak geus 60 taun.

27

Sanggeus sawawa, Esau jadi paninggaran anu ahli, purah ngencar ti imah, ari Yakub adatna cicingan, karesepna di imah.

28

Ishak resep ka Esau, da sedep daging beubeunangan Esau moro. Sabalikna Rabeka resep ka Yakub.

29

Dina hiji poe waktu Yakub keur popolah, jol Esau balik tas moro. Ku sabab lapar,

30

pok ngomong ka Yakub, "Cik Akang menta eta anu beureum-beureum, lapar mani leuleus." (Nya ti harita Esau teh meunang lalandian Edom.)

31

Ari tembal Yakub, "Mangga. Tapi kudu ditukeuran ku hak cikal Akang."

32

Ceuk Esau, "Heug! Akang mah dareukeut kana paeh ieuh; jadi naon untungna keur Akang hak kacikalan teh?"

33

Jawab Yakub, "Sumpah heula yen rek mikeun hak cikal Akang." Seug Esau sumpah, terus hak cikalna dijual ka Yakub.

34

Geus kitu ku Yakub diberean roti jeung kaolahan kacang beureum tea. Beres dahar nginum, Esau cengkat terus indit. Kitu Esau mah, luas miceun hak cikalna.

Link: