:

Kajadian 41

1

Dua taun ti harita, raja Mesir ngimpen ngadeg di sisi Walungan Nil.

2

Anjeunna ningali aya tujuh sapi lalintuh naker haranjat ti walungan terus nyaratuan.

3

Beh deui ningali tujuh sapi sejen, rarangkebong awahing ku begang-begangna, haranjat ti walungan, nyalampeurkeun ka sapi anu lalintuh.

4

Seug nu lalintuh teh ku eta dileglegan taya nu ngari. Nyah raja lilir.

5

Ana kulem deui, ngimpen deui, ningali gandum tujuh ranggeuy tina satangkal, nya baleuneur nya parepel.

6

Beh ningali tujuh ranggeuy deui barijil tina satangkal, nya harapa nya parerang lantaran katebak angin ti gurun keusik.

7

Eta tujuh ranggeuy anu harapa teh ngaleglegan ka nu baleuneur nepi ka beak. Korejat raja tanghi, emut yen ngimpen.

8

Nepi ka isukna manahna guling-gasahan. Geus kitu, tukang-tukang sihir, jelema-jelema pinter ti sa-Mesir diangkir kudu nerangkeun impenan, tapi weleh taya nu sanggup.

9

Ti dinya mantri nu ngurus leueuteun tea miunjuk ka raja, "Kapungkur, nalika abdi Gusti gaduh dosa,

10

ku Gusti dihukum dikabuikeun, ka panjara anu di gedong kapala kawal karaton, bareng sareng mantri nu ngurus katuangan.

11

Hiji wengi abdi sareng pribadosna masing-masing kenging impenan, masing-masing aya hartosna.

12

Eta impenan disanggemkeun ka hiji nonoman urang Ibrani, sami-sami sakitan, gandekna kapala kawal karaton. Ku eta nonoman, impian abdi masing-masing diterangkeun pihartoseunana.

13

Bet leres, kateranganana kabuktosan: Abdi Gusti dijenengkeun deui, pun mantri nu sanesna digantung."

14

Raja miwarangan supaya Yusup disaur. Gancang Yusup dikaluarkeun ti panjara, diparasan jeung disalinan, tuluy dideuheuskeun ka raja.

15

Timbalan raja ka Yusup, "Kami ngimpi, euweuh nu bisa nerangkeun. Aya nu nyarita ka kami, yen maneh bisa nerangkeun impian."

16

Wangsulan Yusup, "Abdi Gusti mah teu pisan-pisan. Anging Allah nu iasa nerangkeun, sareng bakal kamanah ku dampal Gusti."

17

Timbalan raja, "Kami ngimpi keur nangtung di sisi Walungan Nil.

18

Beh aya tujuh sapi lalintuh naker haranjat ti walungan terus nyaratuan.

19

Aya deui tujuh sapi garoreng patut, bararegang kari tulang. Di sa-Mesir, kami mah kakara nenjo aya sapi begang-begang teuing.

20

Eta sapi nu baregang teh seug ngaleglegan nu lalintuh.

21

Tapi sakitu tas ngalegleg hiji ge taya nu jadi lintuh, angger bae rangkebong jiga tadina. Nyah kami lilir.

22

Sakali deui kami ngimpi, nenjo aya gandum tujuh ranggeuy dina satangkal, baleuneur jeung parepel, meujeuhna asak.

23

Beh tujuh ranggeuy deui tina satangkal, hararapa jeung parerang katebak angin ti gurun keusik.

24

Ieu tujuh ranggeuy nu harapa ngaleglegan ka nu baleuneur. Ku kami geus diomongkeun ka dukun-dukun, tapi saurang ge taya nu sanggup nerangkeun."

25

Piunjuk Yusup ka raja, "Impenan Gusti, duanana sami hartosna. Allah parantos mintonkeun ka dampal Gusti naon pikersaeuna-Na.

26

Tujuh sapi nu lalintuh, hartosna tujuh taun, sareng tujuh ranggeuy gandum anu pepel, eta oge nawiskeun tujuh taun. Duanana sahartos.

27

Saparantos eta, tujuh sapi kuru sareng tujuh ranggeuy gandum anu hapa tur perang katebak angin ti gurun keusik, hartosna tujuh taun paceklik.

28

Sapertos anu bieu ku abdi Gusti kapiunjuk: Allah parantos mintonkeun ka dampal Gusti naon pikersaeuna-Na.

29

Di salebet tujuh taun, nagara Mesir bakal nyorang kamakmuran.

30

Saparantos eta, bakal katarajang ku paceklik anu kalintang bangetna, lamina tujuh taun, dugi ka kamakmuran di salebet tujuh taun nu kalangkung teh teu aya urut-urutna, tigerat di sakuliah nagara.

31

Mangsa-mangsa makmur moal kaemut-emut deui, ku hebat-hebatna paceklik anu nuturkeunana.

32

Gusti ngimpen dugi ka dua kali, nun Gusti, eta nawiskeun yen Allah parantos ngadamel kapastian pijadieunana, tur bade enggal-enggal dibuktoskeun.

33

Dampal Gusti kedah milari hiji jalmi, nu tarampil tur wijaksana, kanggo nyangking sareng ngatur bahan pangan rahayat Mesir.

34

Sareng kedah ngangkat padamel-padamel purah ngatur-ngatur. Saperlima tina hasil tatanen salebet tujuh taun kamakmuran, kedah disimpen.

35

Eta padamel-padamel kedah ngempelkeun katedaan samangsa taun-taun kamakmuran nu bakal dongkap. Eta sadayana kedah aya dina panalingaan dampal Gusti. Bahan-bahan tedaeun kedah disimpen sae-sae di gudang-gudang nagara sareng dijagi.

36

Maksadna taya sanes, kanggo pibekeleun sanagara di mana paceklik anu tujuh taun tea dongkap ka ieu nagara, supados rahayat Mesir ulah kantos maraot ku langlayeuseun."

37

Eta rarancang ku raja Mesir katut mantri-mantrina kamanah pisan.

38

Dawuhan raja ka mantri-mantrina, "Saha deui jelema nu kawas ieu, kalinggihan Roh Allah?"

39

Geus kitu dawuhanana ka Yusup, "Eta katerangan-katerangan maneh tetela asal ti Allah. Hamo aya anu leuwih pinter jeung wijaksana kawas maneh.

40

Maneh pantes ngatur di karajaan kami, ditarurut ku sakumna rahayat. Euweuh nu leuwih luhur ti maneh kajaba kami, raja."

41

Dawuhanana deui, "Maneh ayeuna ku kami diangkat jadi kawasa di sakuliah Mesir."

42

Raja nyabut lelepen cap karajaan tina remana, dianggokeun ka Yusup. Rap Yusup dianggoanan anggoan tina linen lemes, tenggekna dianggoanan kangkalung emas.

43

Clak ditunggangkeun kana kareta kadua tutungganganana raja. Heulaeun kareta aya palatuk purah ceceluk: "Hormat, bere jalan!" Kitu carana Yusup diangkat geusan mangkon kawasa di sakuliah Mesir.

44

Ngadawuh deui raja ka anjeunna, "Kami raja. Tapi tanpa idin ti maneh, di sakuliah Mesir teu meunang aya nu ngajalankeun pokal naon-naon."

45

Yusup ku anjeunna dipaparin jenengan bangsa Mesir, Sapnat-Paaneah, tuluy direndengankeun ka Asnat, putra istri Potifera, imam kota On. Geus kitu Yusup ngideran satanah Mesir.

46

Basa mimiti ngabdi ka raja Mesir yuswa Yusup geus tilu puluh taun. Damelna papariksa ka sakuliah nagara.

47

Sajero tujuh taun nagara teh mani lubak-libuk subur makmur, sagala tatanen ngajadi, cukul mucekil beunghar ku hasil.

48

Sapanjang taun-taun anu makmur, sagala hasil bumi ku Yusup disimpen di gudang di kota-kota. Di unggal kota aya gudang hasil bumi ti wewengkon masing-masing.

49

Hasil gandum mani kawas banjir, tinanding salobana keusik jero sagara, nepi ka teu ditaker-taker acan da geus lain taker-takereun.

50

Memeh usum paceklik datang, Yusup geus kagungan dua putra ti Asnat geureuhana.

51

Duanana pameget. Nu cikal dijenenganan Menase, sabab saurna, "Ku kersaning Allah, aing geus hanjat tina balangsak, geus paler tina inget ka bapa sapala putra."

52

Nu kadua dijenenganan Epraim, karana saurna, "Di nagara urut aing kabalangsak, ku Allah dipaparin anak."

53

Ti dinya, musim makmur tujuh taun di Mesir enggeus wekasan.

54

Musim paceklik nu tujuh taun mimiti narajang, cocog sakumaha panorah Yusup. Di mana-mana, di nagara sejen geus meh taya dahareun, sabalikna di Mesir mah cukup kabina-bina.

55

Tapi di Mesir oge saterusna mah geus mimiti aya bahla kalaparan. Rahayat jumerit ka raja. Ari dawuhan raja ka rahayatna, "Maraneh ka Yusup bae, turut kuma dipetakeun ku anjeunna."

56

Sanggeus sakuliah nagara keuna ku paceklik, tur paceklikna beuki rosa, Yusup muka gudang-gudang gandum, dijualan ka rahayat Mesir.

57

Jalma-jalma ti nagara-nagara sejen oge murubul ka Mesir ngaradon meuli gandum, kawantu paceklik teh geus nerekab ka unggal nagara.

Link: