Kajadian 40
Hiji mangsa, mantri nu ngurus leueuteun jeung mantri nu ngurus katuangan raja Mesir baroga dosa ka gustina.
Raja pohara benduna ka eta dua ponggawa.
Duanana diselehkeun ka panjara anu ayana di gedong kapala kawal karaton tea, nu dipake ngerem Yusup.
Ku eta kapala, Yusup dibakukeun purah ngalalayanan aranjeunna. Eta dua ponggawa dipanjarana teh teu wudu lila.
Hiji peuting, eta ponggawa-ponggawa raja Mesir teh ngarimpi, anu pihartieunana teu sarua.
Isukna ku Yusup kasampak keur tingharuleng.
Seug ditaros, "Ku naon Juragan teh sapertos anu ngarangluh?"
Walonna, "Puguh tadi peuting ngimpi. Ku taya anu bisa nerangkeun ilapatna." "Allah anu maparin katiasa pikeun nerangkeun impi-impian teh," saur Yusup. "Cobi carioskeun ngimpen naon."
Mantri nu ngurus leueuteun raja nyarita, "Kami ngimpi aya tangkal anggur, ujug-ujug jadi di hareupeun.
Dahanna aya tilu, sarta harita keneh daraunan, karembangan, terus baruahan nepi ka asak.
Ari kami keur nyekel lumur raja, seug anggur teh ku kami dipetik terus diperes kana lumur, geus kitu dihaturkeun ka raja."
Saur Yusup, "Tilu dahan hartosna tilu dinten.
Tilu dinten deui Juragan bakal dikaluarkeun, dipaparin ampun ku raja sareng dijenengkeun deui nyepeng damel sapertos tadina, jadi deui mantri nu ngurus leueuteun raja.
Saupami Juragan parantos mendak deui kagenahan, mugi sing emut ka sim abdi. Unjukkeun perkawis abdi teh ka raja, manawi jadi lantaran abdi dikaluarkeun ti ieu bui.
Sayaktosna abdi teh dipaling ti tanah Ibrani. Ayeuna aya di jero panjara oge sayaktosna mah teu gaduh kalepatan naon-naon."
Ngadenge eta katerangan sakitu genahna, pok mantri nu ngurus katuangan raja oge nyaritakeun impianana, "Kami mah ngimpi nyuhun tilu tetenong.
Dina tetenong nu pangluhurna aya rupa-rupa katuangan hancengan raja. Tapi eta katuangan teh kabeh diparacokan ku manuk."
Saur Yusup, "Tilu tetenong hartosna tilu dinten.
Tilu dinten deui Juragan oge bakal dikaluarkeun, nanging teras dihukum, ditugel mastaka. Salira Juragan bakal digantung di luhur tangkal teras diparacokan ku manuk."
Tilu poe ti harita raja ngajamu mantri-mantri, sabab meneran poe weweton anjeunna. Mantri nu ngurus leueuteun jeung mantri nu ngurus katuangan disaur sina ka payuneun mantri-mantri sejenna.
Satuluyna mantri nu ngurus leueuteun dijenengkeun deui.
Ari mantri nu ngurus katuangan mah terus digantung, cocog jeung anu diterangkeun ku Yusup.
Tapi mantri nu ngurus leueuteun teh ari geus kitu mah lat bae ka Yusup teu inget-inget acan.