:

Kajadian 45

1

Yusup meh-mehan bae teu kiat mereketkeun anjeun di hareupeun para pagawena. Pok ngalahir bari ngagorowok, "Pagawe-pagawe kabeh kalaluar!" Sanggeus pagawe-pagawe teu aya saurang-urang acan, brak bae Yusup nembrakkeun anjeun ka saderek-saderekna.

2

Brah cisocana bedah, nangis mani ngagukguk satarikna, kadarenge sumegrukna ku urang Mesir. Atuh gancang pisan bejana ka karaton raja.

3

Ceuk Yusup ka saderek-saderekna, "Kuring teh Yusup! Kumaha Ama, bapa kuring, jumeneng keneh?" Maranehna anggur tingpoyongkod sarieuneun, nepi ka jarempling teu bisa ngajawab.

4

Saur Yusup deui, "Ka darieu, sing dareukeut." Esod, esod, maranehna ngadareukeutan. Saur Yusup, "Kuring teh dulur aranjeun. Anu ku aranjeun dijual ka dieu ka Mesir.

5

Ulah reuwas-reuwas. Jeung teu perlu nyalahkeun maneh pedah bareto ngajual kuring ka urang dieu. Eta saenyana geus kitu diaturna ku Allah. Ku Mantenna, kuring dikirim ti heula ka dieu, sangkan numbu umur aranjeun.

6

Sabab ieu paceklik teh kakara dua taun. Lila keneh, lima taun deui, tur sapanjang eta moal aya usum melak, moal aya usum dibuat.

7

Allah ngutus kuring ti heula ka dieu teh sangkan puguh bisa nulungan aranjeun ulah nepi ka pegat turunan. Kuring disina ti heula ka dieu, sangkan aranjeun loba anu katulungan ku kuring, jeung sangkan aranjeun ulah nepi ka paregat umur.

8

Jadi, pangna kuring aya di dieu teh lain ku dumeh dipiceun-piceun teuing ku aranjeun, tapi geus diatur ku Allah. Ku pitulung Mantenna, kuring ayeuna di dieu teh sasat jadi ramana raja Mesir, nyekel urusan sanagara, nyekel kawasa sanagara Mesir.

9

Ayeuna geuwat marulang buru-buru. Bejakeun ka bapa kuring, kieu kituh ceuk Yusup putrana, ‘Abdi ku Allah parantos dijadikeun anu kawasa di sakuliah nagara Mesir. Ama kedah enggal-enggal sumping ka abdi, ulah dilami-lami deui.

10

Kangge pamatuhan parantos di sayagikeun di Gosen, supados Ama saputra putu pacaket sareng abdi. Embe, domba, sapi, sagala rupa bae kagungan Ama, candak.

11

Di Gosen mah Ama tiasa ditalingakeun ku abdi. Paceklik teh lima taun deui; abdi moal ngantep Ama sakulawargi dugi ka langlayeuseun, kitu keneh ingon-ingon.’"

12

Yusup ngalahir deui, "Ayeuna dulur-dulur, jeung hidep oge, Binyamin, tangtu geus tenget enyaan yen kuring teh Yusup, lain nu lian.

13

Bejakeun ka Ama, yen kuring di Mesir manggih kamulyaan tur kawasa kabina-bina. Sagala rupa anu ku aranjeun kasaksian di dieu, caritakeun ka Ama. Jung buru-buru Ama teh sina sumping ka dieu."

14

Tutas sasauranana, gabrug anjeunna ngarangkul ka Binyamin rayina bari nangis. Binyamin oge ceurik bari montel ka anjeunna.

15

Geus kitu raka-rakana oge pada dirangkul diciuman jeung ditangisan.

16

Beja yen Yusup tepang jeung saderek-saderekna geus tepi ka raja di karaton. Raja sapara mantri sami-sami ngiring bingah.

17

Seug raja ngalahir ka Yusup, "Eta dulur-dulur kang putra sina ngamomotan sato umbalna, sina buru-buru marulang deui ka Kanaan.

18

Bapana kudu buru-buru dibawa ka dieu. Kitu deui maranehna sakulawarga kudu ka darieu deui, ngadeuheus ka kami. Ku kami rek dibere pigeusaneun matuh, tanah anu panghadena di Mesir. Perkara dahareunana, kami anu ngabayuan, tina hasil bumi anu panghadena.

19

Sina mawa kareta ti dieu, tumpakaneun anak pamajikanana, sarta bapana ulah teu kabawa.

20

Perkara pakaya-pakaya anu ditinggalkeun di ditu teu kudu dipake lebar. Rek dibere gagantina, tanah-tanah anu pangsuburna di satanah Mesir."

21

Pala putra Israil tumut parentah. Ku Yusup dibahanan kareta sababaraha hiji, sakumaha timbalan raja. Bekel keur di jalan oge dicukupan.

22

Jaba ti eta pada dibere pisalin sapangadeg sewang. Malah ka Binyamin mah aya leuwihna, jaba ti papakean lima pangadeg teh masihan perak 300 potong.

23

Ari keur ramana, kalde sapuluh pinuh ku muatan hasil bumi Mesir nomer hijina, sapuluh kalde deui dimuatan gandum, roti jeung warna-warna katuangan, baris tuangeun ingkang rama di jalan nuju ka Mesir.

24

Geus kitu saderek-saderekna dijurung laku sarta saurna, "Di jalan teu kudu salempang."

25

Bral marulang ka Kanaan, ka Yakub ramana.

26

Sadatangna pada hariweusweus, "Yusup hirup keneh. Nu nyekel kawasa satanah Mesir teh horeng manehna!" Bis bae Yakub kapiuhan, reuwas jeung ku awahing teu percanten.

27

Tapi sanggeus sagala pihatur Yusup tea dicaritakeun ka anjeunna, turug-turug beh kareta-kareta anu dibahankeun ku Yusup kanggo anjeunna angkat ka Mesir, pangacian anjeunna kumpul deui.

28

Pok ngalahir, "Kami sugema kaliwat saking. Anak kami, Yusup, hirup keneh! Kami rek indit, rek manggihan, meungpeung hirup keneh."

Link: