Kajadian 46
Yakub ngepak barang-barangna, bral angkat ka Bersyeba, terus ngahaturkeun kurban ka Allah, panutan Ishak ramana.
Peutingna, dina tetenjoan, Allah nimbalan, dawuhana-Na, "Yakub, Yakub!" Diwaler, "Nun, ieu abdi."
Dawuhana-Na, "Kami Allah. Allah panutan bapa maneh. Ulah asa-asa rek indit ka Mesir teh. Rundayan maneh ku Kami rek dijieun bangsa gede di ditu.
Maneh ku Kami rek dianteur indit ka Mesir. Ari turunan maneh baris dipulangkeun deui ka dieu. Mun maneh datang ka ajal, baris katungkulan ku Yusup."
Bersyeba ku Yakub enggeus dikantun. Yakub, putu-putuna, jeung para wanita mantu-mantuna, ku pala putrana sina tarumpak kareta anu dikintun ku raja Mesir.
Ingon-ingon katut sagala harta banda meunang ti Kanaan milu diakut ka Mesir. Kabeh nu jadi rundayan ku Yakub dicandak ngalih, nya eta:
pala putra nu lalaki nu awewe, para putu nu lalaki nu awewe.
Anggota kulawarga Yakub anu arindit ka Mesir jeung anjeunna nya eta Rubin, putrana anu cikal,
jeung putra-putrana: Hanok, Palu, Hesron jeung Karmi.
Simeon jeung putra-putrana: Yemuel, Yamin, Ohad, Yakin, Sohar, jeung saurang deui, ngaranna Saul, anak Simeon ti hiji wanita urang Kanaan.
Lewi jeung putra-putrana: Gerson, Kahat jeung Merari.
Yuda jeung putra-putrana: Selah, Peres jeung Serah. (Putra-putra Yuda sejenna anu lalaki, Er jeung Onan geus maraot di Kanaan.) Putra-putra Peres nya eta Hesron jeung Hamul.
Isaskar jeung putra-putrana: Tola, Pua, Ayub jeung Simron.
Sebulun jeung putra-putrana: Sered, Elon jeung Yahlel.
Eta putra-putra Yakub ti Lea anu dijurukeun di Mesopotami. Jeung hiji putra istri, Dinah. Jumlah turunan anjeunna ti Lea aya tilu puluh tilu urang.
Gad jeung putra-putrana: Sepon, Hagi, Suni, Esbon, Eri, Arod, jeung Areli.
Aser jeung putra-putrana: Yimna, Yiswa, Yiswi, Beria, jeung Serah dulur maranehanana anu awewe. Putra-putra Beria nya eta Heber jeung Malkiel.
Ieu anu genep belas urang turunan Yakub ti Silpa, asalna emban pamere Laban ka Lea putrana.
Putra Yakub ti garwana nu ngaran Rahel, nya eta Yusup jeung Binyamin.
Di Mesir, Yusup kagungan dua putra pameget ti Asnat geureuhana putra Potifera, imam di kota On, nya eta Menase jeung Epraim.
Putra-putra Binyamin nya eta: Bela, Beker, Asbel, Gera, Naaman, Ehi, Ros, Mupim, Hupim jeung Arda.
Ieu anu opat belas urang turunan Yakub ti Rahel.
Dan jeung putrana, Husim.
Naptali jeung putra-putrana: Yahsel, Guni, Yeser jeung Silem.
Ieu anu tujuhan turunan Yakub ti Bilha, asalna emban pamere Laban ka Rahel putrana.
Jadi jumlah turunan Yakub anu landes, basa mimiti ngalih ka Mesir teh aya genep puluh genep jiwa, jaba deui bojo-bojo pala putrana.
Diitung jeung dua putra ti Yusup anu dilahirkeun di Mesir, pamili Yakub teh kabehna tujuh puluh jiwa.
Yakub ngajurung Yuda ti heula, sina ngawartosan ka Yusup yen anjeunna mundut diantosan di Gosen. Sanggeus aleutan Yakub cunduk ka wates Gosen,
Yusup angkat kana kareta, rek nepangan ingkang rama. Barang gok patepang, gabrug ngarangkul, pananganana meulit kana tenggek ramana. Gauk nangis lila pisan bari tipepereket nangkeup ka ramana.
Geus kitu Yakub ngalahir ka Yusup, "Bagea teuing Enung! Geuning Enung teh hirup keneh. Ayeuna mah Ama teh paeh ge rido, da jeung Enung geus papanggih."
Ti dinya Yusup ngalahir ka saderek-saderek jeung wargi-wargi ramana, saurna, "Kuring kudu ngadeuheus unjukan ka raja yen aranjeun jeung Ama sakulawarga geus daratang ti Kanaan, araya di kuring.
Rek diterangkeun yen aranjeun tukang ngangon, maliara ingon-ingon, sarta eta pipiaraan kabeh dibawa ka dieu.
Upama engke aranjeun ku raja disaur jeung dipariksa pagawean,
ngajawabna ulah salah yen aranjeun ti bubudak hirup tina miara ingon-ingon sakumaha karuhun. Ku jalan kieu raja tangtu ngidinan aranjeun matuh di Gosen." Maksud Yusup mamatahan kitu teh lantaran urang Mesir mah kabeh oge henteu raresepeun ka tukang ngangon.