Kajadian 5
Ieu daptar turunan Adam. (Allah midamelna manusa teh numutkeun kumaha rupi Mantenna.
Dipidamelna lalaki jeung awewe. Ku Mantenna diberkahan, jeung dingaranan "Manusa".)
Sanggeus yuswana 130 taun, kenging putra, anu rupina siga anjeunna, dijenenganan Set.
Ti semet eta, Adam masih jumeneng keneh 800 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Pupusna dina yuswa 930 taun.
Set, sanggeus yuswana 105 taun, kenging putra Enos.
Ti semet eta jumeneng keneh 807 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Pupusna dina yuswa 912 taun.
Enos sanggeus yuswana 90 taun kenging putra, Kenan.
Ti semet eta jumeneng keneh 815 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Pupusna dina yuswa 905 taun.
Kenan, sanggeus yuswana 70 taun kenging putra, Mahalalel.
Ti semet eta jumeneng keneh 840 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Pupusna dina yuswa 910 taun.
Mahalalel, sanggeus yuswana 65 taun kenging putra, Yared.
Ti semet eta jumeneng keneh 830 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Pupusna dina yuswa 895 taun.
Yared, sanggeus yuswana 162 taun kenging putra, Hanok.
Ti semet eta jumeneng keneh 800 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Pupusna dina yuswa 962 taun.
Hanok, sanggeus yuswana 65 taun, kenging putra, Metusalah.
Ti semet eta jumeneng keneh 300 taun, ibadah ruket jeung Allah, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Yuswana nepi ka 365 taun.
Sapanjang jumenengna raraketan jeung Allah, geus kitu gaib, karana dicandak ku Allah.
Metusalah, sanggeus yuswana 187 taun kenging putra, Lamek.
Ti semet eta jumeneng keneh 782 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Pupusna dina yuswa 969 taun.
Lamek, sanggeus yuswana 182 taun kenging putra.
Pok misaur, "Ieu budak bakal ngajait urang tina gawe beurat migawe taneuh anu geus keuna ku panyapa PANGERAN." Ku sabab eta, putrana teh dijenenganan Enoh.
Ti semet eta Lamek jumeneng keneh 595 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
Pupusna dina yuswa 777 taun.
Enoh, sanggeus yuswana 500 taun kenging putra tilu: Sem, Ham jeung Yapet.