:

Kajadian 6

1

Manusa geus mencar ka mana-mana, sarta barudak awewe geus lalahir.

2

Aya sawatara urang putra-putra surgawi anu barogoheun ka eta barudak awewe, kawantu gareulis. Tuluy bae nyarokot hiji sewang, sakabogohna-sakabogohna.

3

Ngandika PANGERAN, "Jelema-jelema teh ku Kami moal sina hirup sapapanjangna. Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semet ayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun."

4

Di jaman eta, malah sanggeus jaman eta oge, di ieu bumi teh loba jelema raksasa, turunan manusa awewe jeung putra-putra surgawi tea. Eta raksasa-raksasa teh baheula jaradi jelema anu kacida garagahna tur kamashur.

5

Ana PANGERAN uninga yen tiap manusa di dunya geus sakitu jarahatna, sarta pipikiranana salawasna pohara kalotorna,

6

Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamel sarta merenahkeun maranehna di bumi. Ku hanjakal-hanjakalna,

7

Mantenna ngalahir kieu, "Eta umat ciptaan Kami teh mending dibasmi ku Kami, kitu deui sasatoan jeung manuk. Kami hanjakal geus nyieun maranehanana."

8

Tapi ari ka Enoh mah PANGERAN misuka.

9

Ieu carita Enoh. Anjeunna kagungan tilu putra, Sem, Ham jeung Yapet. Di jaman anjeunna harita, ngan anjeunna jelema nu hade teh. Hirupna rumaket ka Allah.

10

(6:9)

11

Salian ti anjeunna mah kabeh oge goreng katingalina ku Allah, katelengesanana geus sumebar ka mana-mana.

12

Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geus ruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemana geus raruksak kabeh.

13

Ngandika Allah ka Enoh, "Kami geus nyieun putusan, jelema teh kabeh rek dianggeuskeun umurna. Rek ditumpes sama sakali, sabab dunya teh geus dedet ku kalakuan maranehanana anu telenges.

14

Maneh kudu nyieun kapal tina kai kibeusi, kamar-kamarkeun, lampudan luar jerona ku ter.

15

Ukuran panjangna eta kapal 133 meter, rubakna 22 meter, luhurna 13 meter.

16

Kudu make hateup, jeung sisi-sisina bere antara 44 sentimeter. Jieun tilu umpakan, sisina pantoan.

17

Ieu bumi ku Kami arek dibasmi ku caah. Sakur mahluk anu kumelip arek ditumpes.

18

Tapi ka maneh mah Kami seja mere jangji. Maneh saanak pamajikan jeung minantu-minantu, kudu asup ka eta kapal.

19

Bawa deuih saban rupa golongan sasatoan, masing-masing hiji jaluna, hiji bikangna; kitu keneh manuk, supaya karaksa.

20

(6:19)

21

Bebekelan ulah kari, keur maneh jeung sasatoan."

22

Eta timbalan Allah ku Enoh dijalankeun.

Link: