Kajadian 9
Allah ngaberkahan ka Enoh jeung putra-putrana. Lahirana-Na, "Sing laloba anak, sangkan turunan maraneh ngeusian sakuliah jagat.
Sasatoan, manuk, lauk, bakal mikasieun ka maraneh. Maraneh kawasa ka dinya.
Ti semet ayeuna, eta ku maraneh bisa didahar cara pepelakan anu harejo. Kop bae pikeun dahareun.
Anu teu meunang didahar ngan sarupa, nya eta daging anu ngandung keneh getih. Kami ngalarang, lantaran dina getih teh aya dat hirup.
Lamun aya anu ngala pati manusa tangtu dihukum. Sato anu maehan manusa, ku Kami baris dihukum paeh.
Manusa teh dijadikeunana sarimbag jeung Kami. Ku sabab eta, sing saha anu maehan manusa, baris dipaehan deui ku sasama manusa.
Maraneh sing laloba anak, sangkan turunan maraneh ngeusian sakuliah jagat."
Ngandika Allah ka Enoh jeung putra-putrana,
"Kami ayeuna arek nyieun perjangjian ka maneh saturun-tumurun,
kitu keneh ka sakabeh mahluk anu nyawaan — manuk jeung sasatoan — sagala rupa bae, anu kalaluar ti kapal reujeung maraneh.
Kieu ikrar perjangjian Kami ka maraneh: Kami jangji, moal deui-deui sakabeh mahluk anu nyawaan ku Kami dibasmi ku caah; moal aya deui caah gede anu ngaruksak jagat.
Pikeun tanda eta perjangjian Kami anu langgeng ka maraneh jeung ka sakabeh mahluk anu nyawaan,
Kami baris masang katumbiri dina mega. Eta tandana perjangjian Kami ka alam dunya.
Samangsa-mangsa Kami ngalaput langit ku mega tuluy timbul katumbiri,
eta tanda Kami eling kana jangji ka maraneh jeung ka sasatoan, yen hamo deui caah ngabasmi sakabeh mahluk anu nyawaan.
Samangsa-mangsa dina mega tembong katumbiri, tangtu tembong ka Kami, sarta Kami tangtu inget kana jangji Kami anu langgeng, antara Kami jeung sakabeh mahluk anu kumelip di jagat.
Kitu tandana perjangjian Kami ka sakabeh mahluk hirup di bumi."
Putra-putra Enoh anu kaluar ti kapal, nya eta: Sem, Ham jeung Yapet. (Ari Ham teh karuhun urang Kanaan.)
Ieu putra nu tiluan, jadi karuhun sakabeh manusa sajagat.
Enoh teh tukang tani. Nya anjeunna jelema anu pangmimitina melak anggur.
Sabada ngaleueut anggur, anjeunna mabok, seug ngalaanan anggoan terus ngagoledag di jero tenda bari purucul.
Ari Ham, karuhun urang Kanaan tea, ningali rama purucul kitu teh anggur wawartos ka dua saderekna.
Sem jeung Yapet nyandak kampuh, kampuhna dicepeng dikapungkurkeun. Geus kitu lalebet ka jero tenda, angkatna mundur, rup ramana dikampuhan bari mungkur ngalieuskeun raray, sangkan teu ningali kana kaayaan rama anu purucul.
Barang Enoh geus emut tur uninga kana kalakuan putra nu panganomna kitu ka anjeunna,
pok ngalahir, "Si Kanaan sing katulah! Dirina baris jadi badega dulur-dulurna.
Puji PANGERAN Allahna Sem! Si Kanaan baris jadi badega Sem.
Mugia Allah nambihan berekah ka Yapet, kalayan ngalegaan panganjrekanana. Mugia turunan Yapet runtut-raut jeung turunan Sem! Si Kanaan baris jadi badega Yapet."
Ti sanggeus caah gede tea, Enoh jumeneng keneh 350 taun.
Pupus dina yuswa 950 taun.