Kajadian 8
Allah teu lalieun ka Enoh jeung ka sasatoan anu di kapal. Seug Mantenna ngagerakkeun angin niup cai. Cai mimiti rodrodan surud.
Sungapan-sungapan di jero taneuh, kitu keneh lawang-lawang hujan di langit ngalalingkup deui. Hujan raat,
cai beuki lila beuki surud di jero saratus lima puluh poe.
Dina tanggal tujuh belas bulan nu katujuh, kapal teh nyangsang di hiji puncak jajaran Gunung Ararat.
Cai surud terus, sarta dina tanggal hiji bulan kasapuluh, puncak-puncak gunung mimiti tarembong.
Opat puluh poe ti harita, Enoh mukakeun jandela,
pur ngaleupaskeun manuk gagak. Gagak teh teu balik deui, terus bae ngalayang kukurilingan nepi ka saatna cai.
Sabot kitu, pur deui Enoh ngaleupaskeun japati, seja naksir cai geus orot atawa acan.
Tapi ku sabab bumi kakeueum keneh, eta japati teu manggih pieunteupeun. Kalayang balik deui ka kapal, ku Enoh ditewak.
Anjeunna ngantos deui saminggu, pur japati teh dileupaskeun deui.
Pasosore eta manuk balik deui, mawa pucuk jetun seger keneh dina pamatukna. Ayeuna Enoh uninga, yen cai geus orot.
Anjeunna ngantos deui saminggu, japati dileupaskeun deui. Teu balik deui ayeuna mah.
Nincak kana 601 taun yuswa Enoh, dina tanggal hiji bulan nu kahiji, cai geus saat. Enoh muka hateup kapal, rarat-reret, katingalieun taneuh geus mimiti tuus.
Dina tanggal dua puluh tujuh, bulan anu kadua, bumi geus tuhur pisan.
Ngandika Allah ka Enoh,
"Geura kaluar ti kapal saanak pamajikan jeung minantu.
Kaluarkeun deuih manuk jeung sasatoan sejenna, gede leutik, sina baranahan tuluy malencar ka sakuliah jagat."
Ti dinya Enoh saputra garwa jeung mantu kaluar ti kapal,
kitu deui sasatoan jeung manuk, kalaluar papasangan, nurutkeun golonganana.
Ti dinya Enoh ngadamel altar haturan PANGERAN. Tuluy ngurbankeun sasatoan jeung manuk anu halal, sasiki-sasiki ti tiap golongan, diduruk dina eta altar.
Seungitna eta kurban matak bingah ka PANGERAN, seug Mantenna sasauran lebeting manah, "Kami hamo nyapa-nyapa deui bumi ku tina kalakuan manusa. Kami nyaho, pipikiranana teh geus kotor ti ngongorana. Moal deui-deui Kami ngabasmi sakabeh mahluk anu nyawaan saperti ayeuna.
Sapanjang jagat gumelar, kudu aya usum pepelakan, aya usum panen. Sapapanjangna kudu aya panas, aya tiis, aya usum halodo, aya usum hujan, aya beurang, aya peuting."