\it Wanoja:\it* Hayang teuing abdi ku engkang diambung, kadeudeuh engkang langkung ni’mat ti batan anggur.
3
Wawangen engkang raraos seungitna, jenengan engkang lir lisah seungit nyambuang. Wanoja mana nu ku engkang teu kagembang.
4
Cik atuh abdi teh iwat, duh sembahan abdi, candak lebet ka kamar, bari dipapag ku bagja, bakal jojoh nyacapkeun kasono. Wanoja mana nu ku engkang teu kagembang.
5
Leuh wanoja-wanoja Yerusalem, hideung oge kuring teh geulis, hideung siga kemah urang Kedar, endah siga lalangse-lalangse karaton Suleman.
6
Tong ditelek-telek hideungna, kawantu kuring mah tuman kapoe, tur jadi purah tadah carek dulur-dulur, purah tunggu kebon anggur, awak teh geus teu kaurus.
7
Duh panutan cik wartosan, di mana engkang nya ngangon, di mana ngaubkeun domba-domba ari sonten? Na abdi milarian engkang teh kedah ngaprak ka tengah kumpulan domba anu lian?
8
\it Nonoman:\it* Leuh bentangna wanoja, karah teu uninga tempatna? Sae tuturkeun bae tapak domba-domba, pilari sampalan keur embe-embe enung caket kemah-kemah tarukang ngangon.
9
Jungjunan, enung lir ibarat kuda bikang anu narik kareta raja Mesir.
10
Rambut enung aya ku endah, tinggilisir kana damis, ngarumbay kana tenggek lir ranggeuyan mutiara.
11
Engke enung dipangnyieunkeun kangkalung emas, ditarapang ku perak.
12
\it Wanoja:\it* Sang raja ebog dina bale-bale, seuseungitan pake abdi kaangseu angin-anginan.
13
Barang gabrug anjeunna kana harigu, kaangseu salirana seungit emur.
14
Anjeunna lir ranggeuyan kembang pacar, anu beukah di kebon anggur di Engedi.
15
\it Nonoman:\it* Ku geulis enung, jungjunan, soca enung ngenclong ku cahaya cinta!
16
\it Wanoja:\it* Ku kasep engkang teh, panutan, engkang teh estu pikaresepeun abdi! Kangge ebog, tuh katilna jukut hejo anu ngampar.
17
Keur minangka tihang bumina kai kiputri. Keur minangka lalangitna tangkal camara.