:

Lukas 1

1

Teopilus anu mulya, Seueur jalmi anu parantos sateka-teka nyeratkeun perkawis anu parantos kajadian di urang.

2

Hal-hal anu diserat ku maranehna cocog sareng carios anu katampi ku urang ti jalmi-jalmi anu ngawawarkeunana, nya eta anu nyaraksian sorangan eta kajadian ti awalna.

3

Sim kuring, ku margi parantos nyukcruk kalayan taliti eta perkawis ti awit kajadianana, gaduh emutan aya saena nyeratkeun eta hal kalayan beres jujutanana, kangge Paduka.

4

Maksad sim kuring nya eta supados hal leresna sagala perkawis anu parantos diwulangkeun ka Paduka teh ku Paduka kauninga sadayana.

5

Keur mangsa Herodes ngarajaan di Yudea, aya hiji imam ti golongan imam-imam Abia, jenenganana Jakaria. Istrina oge turunan imam, jenenganana Elisabet.

6

Istri pameget mulus lampahna di payuneun Allah, kacida ta’atna kana hukum jeung parentah Pangeran.

7

Teu karagunganeun putra lantaran Elisabet gabug, jeung deui duanana geus kacida sarepuhna.

8

Dina hiji poe Jakaria barangdamel mangku kawajiban imam di Bait Allah, giliranana laladen poean.

9

Numutkeun undian anu biasa dijalankeun ku para imam, anjeunna anu kapilih kudu ngukus dina altar. Anjeunna lebet ka Bait Allah.

10

Sabot anjeunna ngukus meuleum menyan, jalma rea ngadaroa di luar.

11

Breh malaikat Pangeran nembongan ka anjeunna, ngadeg di katuhueun altar paragi ngukus.

12

Jakaria ngarenjag jeung kacida sieuneunana.

13

Tapi malaikat teh ngalahir, "Ulah sieun, Jakaria! Paneda anjeun ku Allah enggeus didangu. Elisabet bojo anjeun bakal boga anak, lalaki, pingaraneunana Yohanes.

14

Pisakumahaeun anjeun bagjana upama eta geus lahir, nu sejen oge loba anu bakal bungah!

15

Eta teh bakal jadi jelema penting di payuneun Allah. Ulah sina nginum anggur atawa inuman keras lianna. Ti barang dijurukeunana bakal dilinggihan ku Roh Suci,

16

jeung bakal nungtun urang Israil baralik deui ka Pangeran Allahna.

17

Manehna ku Pangeran diutus ti heula, bakal kuat jeung kawasa cara Nabi Elias; bakal ngarapihkeun kaom bapa jeung anak-anakna; bakal nungtun tukang ngaralawan baralik deui kana pikiran anu bener. Jadi eta teh bakal nyadiakeun keur Pangeran hiji umat anu daraek ngabdi ka Mantenna."

18

Piunjuk Jakaria ka malaikat, "Perkawis eta kumaha bade buktosna? Abdi parantos kolot, pun bojo nya kitu keneh."

19

Waler malaikat, "Kaula teh Jabrail, purah aya di payuneun Allah anu ngutus kaula ayeuna ka anjeun, nepikeun ieu warta anu pikabungaheun.

20

Ieu hal tangtu bukti dina waktuna, tapi ku anjeun teu dipercaya. Ku sabab anjeun henteu percaya, anjeun bakal pireu, moal bisa ngomong nepi ka mangsa anu diomongkeun ku kaula kajadian."

21

Jalma-jalma anu keur ngadaragoan Jakaria hareraneun dumeh anjeunna sakitu lilana di jero.

22

Ari kaluar, Jakaria bet teu iasaeun sasauran. Ku jalma rea kajudi yen anjeunna di jero mendak titingalian. Ku sabab teu iasa sasauran pisan, anjeunna tuluy pepeta ku panangan.

23

Sanggeus tutup giliran anjeunna laladen di Bait Allah, Jakaria mulih ka bumina.

24

Teu lila ti harita Elisabet geureuhana ngandeg, terus ngerem anjeun nepi ka lima bulan,

25

sarta misaur kieu, "Ahirna Pangeran kersa mitulung, ngaleungitkeun kahinaan diri kuring."

26

Sanggeus Elisabet ngandegna nincak genep bulan, Allah ngutus malaikat Jabrail ka Nasaret, hiji kota di Galilea,

27

nyandak amanat ka hiji parawan anu eukeur babakalan jeung Yusup turunan Raja Daud. Eta parawan ngaranna Mariam.

28

Jabrail sumping ka Mariam tuluy ngalahir, "Salam rahayu! Pangeran nyarengan ka Nyai sarta pohara ngaberkahana-Na."

29

Mariam ngarenjag nguping kasauran eta malaikat, jeung henteu ngartoseun naon maksudna.

30

Malaikat ngalahir deui, "Ulah sieun, Mariam! Nyai kenging kurnia ti Allah.

31

Nyai bakal ngandeg, bakal puputra anu ku Nyai kudu dijenenganan Yesus.

32

Eta putra Nyai bakal agung, jeung bakal disarebut Putra Allah Nu Maha Agung. Ku Allah Pangeran bakal didamel raja sakumaha Daud karuhun-Na,

33

bakal ngarajaan ka turunan Yakub salalawasna, sarta karajaana-Na moal aya anggeusna."

34

Piunjuk Mariam ka eta malaikat, "Eta perkawis teh kumaha pitiasaeunana, margi abdi teh parawan keneh?"

35

Malaikat ngawaler, "Nyai bakal disumpingan ku Roh Suci, bakal diliputan ku kakawasaan Allah. Ku sabab kitu eta putra anu bakal medal teh suci, bakal disebut Putra Allah.

36

Sangkan Nyai terang, Elisabet baraya Nyai anu kacaturkeun gabug tur geus sakitu kolotna, ayeuna keur ngandeg geus kagenep bulan ieu.

37

Sabab mungguh di Allah mah henteu aya anu mustahil."

38

Piunjuk Mariam, "Abdi teh abdi Pangeran, mugia laksana sakumaha pilahir Juragan." Ti dinya malaikat teh jengkar ngantunkeun Mariam.

39

Ti dinya Mariam geuwat angkat ka hiji kota pagunungan di Yudea,

40

ngajugjug ka bumi Jakaria. Sasumpingna tuluy uluk salam ka Elisabet.

41

Barang Elisabet ngadangu salamna Mariam, bayi di jero kandunganana ngulisik. Elisabet dilebetan ku Roh Suci,

42

terus nyaur tarik, "Nya Nyai anu pangdiberkahanana ti sadaya istri. Mugia wilujeng putra nu baris medal ti Nyai.

43

Karah naon ieu Ibu dugi ka kenging nugraha disumpingan ku Ibuna Gusti sembaheun Ibu?

44

Barang Nyai uluk salam, jabang bayi di jero kandungan Ibu dugi ka ajrug-ajrugan atoheun.

45

Nyai estu bagja parantos kersa percaya yen perkawis anu diandikakeun ku Pangeran teh tangtos buktos!"

46

Saur Mariam, "Hate abdi muji ka Pangeran,

47

jiwa estu bingah, ku karana Allah Jurusalamet abdi,

48

reh Mantenna parantos mikaemut ka abdi, abdi-Na nu laip. Ti semet ayeuna, jalma rea ka abdi bakal nyarebat bagja,

49

reh abdi nampi perkawis anu marulya ti Allah Nu Maha Kawasa. Suci jenengan Mantenna.

50

Sugri nu mikaajrih ka Mantenna, turun-tumurun ku Mantenna dipikawelas.

51

Mantenna metakeun panangana-Na anu santosa, ngubrak-ngabrik anu aradigung katut sagala paniatanana.

52

Raja-raja anu garagah perkosa, ku Mantenna dirurud tina tahtana, jalmi laip dijungjung harkatna.

53

Kaom lapar dicekapan ku sagala kasaean, nu baleunghar sina indit ngagilincing.

54

Mantenna sumping, nulungan Israil abdi-Na, sakumaha jangji-Na ka karuhun urang.

55

Emuteun yen seja mikawelas ka Ibrahim, sareng ka sugri turunanana, salalanggengna!"

56

Sanggeus nganjrekna di Elisabet kurang leuwih tilu bulan, Mariam tuluy mulih.

57

Sanggeus Elisabet bobotna jejeg bulanna tuluy babar, putrana pameget.

58

Tatangga-tatanggana jeung wargi-wargina anu nyarahoeun yen anjeunna mendak ganjaran anu taya papadana ti Pangeran, kabeh daratang ngawilujengkeun.

59

Sanggeus yuswa eta murangkalih jejeg saminggu, maranehna daratang deui arek nyepitan murangkalih, sakalian dipaparin jenengan Jakaria, cara ramana.

60

Tapi saur ibuna, "Ulah eta ngaranna! Kudu Yohanes."

61

Tapi ceuk maranehna, "Jenengan kitu mah teu aya di wargi-wargi Ibu!"

62

Ti dinya maranehna pepeta ka Jakaria, maksudna naranyakeun murangkalih teh kudu dijenenganan saha.

63

Jakaria mundut dipangnyandakkeun batu tulis, geus kitu nyerat kieu, "Ngaranna Yohanes." Jalma-jalma teh kacida hareraneunana!

64

Ari Jakaria harita keneh dadak sakala iasa deui sasauran, tuluy ngamulyakeun ka Allah.

65

Jalma-jalma jadi sarieuneun. Saterusna beja eta kajadian teh nyebar ka sakuliah kota pagunungan Yudea.

66

Saban anu ngadenge eta beja, hatena tingtaranya, "Rek jadi naon eta murangkalih teh?" Kawantu eta murangkalih teh diaping ku kakawasaan Pangeran.

67

Jakaria, ramana Yohanes, dilebetan ku Roh Suci, tuluy ngawejang ngucapkeun amanat ti Allah:

68

"Sagala puji ka Pangeran, Allah Israil! Mantenna sumping seja nulungan umat-Na, ngabebaskeun maranehna.

69

Urang dipaparin Jurusalamet perkosa, turunan Daud abdi-Na.

70

Baheula Mantenna jangji, dikedalkeunana ku nabi-nabi pilihana-Na,

71

bakal nyalametkeun urang ti musuh-musuh, tina genggeman anu gareuleuheun ka urang.

72

Dawuhana-Na, Mantenna baris mikawelas ka karuhun urang, sarta baris ngalaksanakeun jangji-Na nu suci.

73

Ka Ibrahim rama urang Mantenna sumpah, jangji ngaleupaskeun urang ti musuh-musuh, sarta ngidinan urang ngabdi ka Mantenna kalawan taya karisi.

74

(1:73)

75

Sangkan urang di payuneuna-Na mulus jeung bener saumur-umur.

76

Ari hidep anaking, bakal disarebut nabi Allah Nu Maha Agung. Hidep ku Mantenna diutus ti heula, keur naratas jalan Mantenna.

77

Pikeun ngembaran jalma-jalma yen bakal disalametkeun, ku jalan dihampura dosa-dosana.

78

Allah urang sipat welas sipat kurnia, bakal nyorotkeun cahaya pisalameteun sina meletek luhureun urang,

79

sina sumorot ti sawarga, nyaangan ka sakur anu araya dina poekna kalangkang maot, baris nungtun lengkah urang ka jalan nu aman santosa."

80

Murangkalih tea beuki ageung, jiwana beuki teguh. Anjeunna mukim di gurun keusik, ngantos mangsana nganyatakeun anjeun ka urang Israil.

Link: