:

Lukas 2

1

Dina mangsa eta, Prabu Agustus ngaluarkeun parentah sangkan di sakuliah karajaan Rum diayakeun sensus.

2

Ieu teh sensus anu kahiji, diayakeunana waktu Kirinus jadi gupernur nagri Siria.

3

Ti dinya unggal jelema marulang heula ka tempat asalna masing-masing rek ngadaptarkeun.

4

Yusup oge angkat ti Nasaret di Galilea ka Betlehem di Yudea, tempat dibabarkeunana Raja Daud, sabab anjeunna teh turunan Daud.

5

Angkatna jeung Mariam pigeureuhaeunana anu keur bobot, seja ngadaptarkeun.

6

Sanggeus aya di Betlehem, Mariam teh nepi kana waktuna rek babar,

7

seug bae babar, nyikalan. Putrana pameget, tuluy dibedong ku lalamakan, sarta diebogkeun dina pamakanan, wadah parab domba. Nu matak nepi ka kitu lantaran di losmen teu kabagian tempat.

8

Di hiji tegalan di eta wewengkon, harita aya anu keur ngajaraga domba ingon-ingonna, ti peuting.

9

Aya hiji malaikat Pangeran nembongan ka maranehna, sarta maranehna kahibaran ku cahaya kamulyaan Pangeran, kacida sarieuneunana.

10

Tapi malaikat teh ngalahir kieu, "Ulah sarieun! Kami mawa warta hade, pikabungaheun sakabeh jelema.

11

Sabab poe ieu Jurusalamet maraneh, nya eta Gusti Kristus, geus medal di kota Daud.

12

Cirina ka maraneh kieu: Murangkalih teh dibedongna ku lalamakan, diebogkeunana dina pamakanan."

13

Dak-dumadak breh tembong balad sawarga, malaikat kacida lobana, nyaranyi muji ka Allah:

14

"Mulyakeun Allah di langit nu pangluhurna. Di bumi sing aya kerta, keur sakur manusa anu kamanah ku Allah!"

15

Sanggeus para malaikat teu araya, geus marulih deui ka sawarga, nu ngajaraga ingon-ingon teh baradami, "Hayu urang ka Betlehem, urang ngabuktikeun perkara anu diandikakeun ku Pangeran."

16

Bral arindit gagancangan. Mariam jeung Yusup kapanggih, jeung murangkalihna anu diebogkeun dina pamakanan.

17

Sanggeus narempo ka murangkalih, maranehna nyaritakeun kasauran malaikat hal eta murangkalih tea ka Yusup jeung Mariam.

18

Caritaanana matak heran ka sakur nu ngadengekeun.

19

Eta kabeh ku Mariam disimpen dina manahna bari dilenyepan.

20

Ari tukang ngangon baralik deui ka tegalan bari nyaranyi muji ka Allah, barungah lantaran anu disaurkeun ku malaikat teh cocog, ku maranehna geus kasaksian, geus kadarenge.

21

Saminggu ti harita, murangkalih teh disepitan terus dipaparin jenengan Yesus, sakumaha anu diamanatkeun ku malaikat waktu Anjeunna keur dikandung keneh.

22

Datang waktuna Yusup jeung Mariam ngajalankeun upacara susuci sakumaha anu diwajibkeun ku Hukum Musa. Tuluy arangkat ka Yerusalem, murangkalih dicandak seja disanggakeun ka Pangeran,

23

nedunan aturan anu kaungel dina Hukum Pangeran, yen: "Unggal anak cikal lalaki kudu disanggakeun ka Pangeran."

24

Arangkatna bari seja nyanggakeun kurban sakumaha anu kaungel dina Hukum Pangeran, nya eta japati sapasang atawa tikukur dua siki.

25

Harita di Yerusalem aya hiji sepuh, jenenganana Simeon, jalma hade anu sieun ku Allah, anu keur ngarep-ngarep kana mangsana Allah nyalametkeun bangsa Israil. Anjeunna disarengan ku Roh Allah,

26

anu geus nguningakeun yen anjeunna moal waka pupus samemeh ningali Kristus anu dijangjikeun ku Pangeran tea.

27

Kalawan panuyun Roh Allah, Simeon angkat ka Bait Allah. Barang murangkalih Yesus teh ku sepuhna dicandak ka jero Bait Allah seja disanggakeun sakumaha pamenta Hukum Agama,

28

murangkalih teh ku Simeon tuluy dipangkon. Simeon terus muji sukur ka Allah, saurna,

29

"Nun Pangeran, ayeuna jangji Gusti parantos buktos. Mangga ayeuna mah nyawa abdi candak, abdi Gusti senang ati.

30

Reh parantos ningal pribadi Jurusalamet ti Gusti.

31

Nya Jurusalamet anu ku Gusti digadangkeun keur sakumna manusa:

32

Lir cahaya anu bakal ngebrehkeun pangersa Gusti ka bangsa-bangsa lian. Sareng nu bakal ngangkat harkat Israil umat Gusti."

33

Kasauran Simeon hal eta murangkalih matak heran ibu rama-Na.

34

Aranjeunna ku Simeon diberkahan, sarta saur Simeon ka Mariam ibu-Na, "Ieu murangkalih ku Allah geus dipilih pikeun jadi lantaran ruksakna urang Israil, tapi oge bakal ngalantarankeun loba urang Israil anu saralamet. Anjeunna bakal jadi hiji tanda ti Pangeran, anu bakal dilawan ku jalma rea,

35

sarta ku lantaran eta rasiah pipikiran maranehna bakal kabuka. Hate Nyai bakal parat ku kanalangsaan lir katembus ku pedang."

36

Di dinya aya hiji nabi istri, randa geus kacida sepuhna, yuswana geus dalapan puluh opat taun. Jenenganana Hana binti Penuel ti kaom Aser. Kagunganana caroge ngan tujuh taun. Tara incah ti Bait Allah, damelna beurang peuting ngabakti ka Allah, puasa jeung neneda.

37

(2:36)

38

Dina waktu eta keneh anjeunna ge aya sumping, tuluy muji sukur ka Allah, jeung nyaurkeun eta murangkalih ka sakur anu keur ngarep-ngarep datang wancina Allah ngamerdekakeun Yerusalem.

39

Sanggeus rengse nedunan sagala hal anu diwajibkeun ku Hukum Pangeran, Yusup jeung Mariam marulih ka Nasaret di Galilea.

40

Murangkalih teh beuki ageung, salira-Na beuki kuat, pohara bijaksana-Na sarta diberkahan ku Allah.

41

Unggal-unggal taun sepuh Yesus sok arangkat ka Yerusalem, ngiring kana Pesta Paska.

42

Sanggeus Yesus yuswa dua belas taun Anjeunna dicandak ngiring; tuluy arangkat kana pesta sakumaha biasana.

43

Sanggeus pesta lekasan, ibu rama-Na marulih, ari Yesus kakantun di Yerusalem teu kauninga.

44

Disangka Anjeunna geus ti heula jeung rombongan. Sanggeus arangkatna meunang sapoe kakara katiten yen teu aya, tuluy ditalengteng ka wargi-wargi jeung rerencanganana.

45

Geus tetela teu aya tuluy aranjeunna maralik deui ka Yerusalem seja milarian di ditu.

46

Nincak ka tilu poena Anjeunna kapendak di Bait Allah, keur calik jeung guru-guru urang Yahudi, ngadangukeun kasauran aranjeunna bari turas-taros.

47

Ari ngawaler kana pamariksa, ngawaler-Na kacida pinterna matak heran nu ngadarenge.

48

Sepuh-Na barang breh ka Anjeunna teh mani ngajenghok. Pok ibu-Na nyaur, "Ku naon kitu, anaking? Ama jeung Ibu mani bingung neangan Hidep!"

49

Anjeunna ngawaler, "Naha nganggo dipilarian Abdi teh? Naha Ama sareng Ibu teu acan aruninga yen Abdi kedah aya di dieu, di bumi Jeng Rama?"

50

Walerana-Na ku ibu rama-Na teu kahartoseun.

51

Yesus tuluy ngiring mulih jeung aranjeunna ka Nasaret, tetep-tumetep ngesto. Ari ku ibu-Na sagala rupa hal-Na teh disimpen sajeroning manah.

52

Yesus beuki ageung, beuki lantip bijaksana, dipikaresep ku Allah jeung ku pada jalma.

Link: