Lukas 10
Sanggeus sasauran kitu Gusti Yesus milih tujuh puluh dua deui jelema sejen, diutus duaan-duaan ka kota-kota jeung tempat-tempat anu bakal disumpingan ku Anjeunna.
Pilahir-Na ka maranehna, "Pibuateun sakitu legana, nu rek dibaruatna ngan saeutik. Kudu nyuhunkeun ka Anu kagunganana eta pibuateun, sangkan ngintun nu baris mibuatanana.
Geura ariang! Maraneh ku Kami diutus lir anak domba ka tengah-tengah ajag.
Ulah mawa dompet atawa kantong sidekah kitu deui tarumpah; di jalan ulah rundag-randeg uluk salam.
Mun asup ka imah batur ucapkeun heula salam, ‘Mugia rukun kerta nu kagungan bumi!’
Lamun di eta imah aya anu resep rukun, pangdoa maraneh mangka tumerap ka dirina, sabalikna lamun teu aya, pangdoa maraneh tarik deui.
Lamun geus aya anu ngaku, nganjrek teh kudu tetep di imah eta bae ulah pipindahan, dahar nginum di dinya, tarima sagala susuguhna, karana anu digarawe teh pantes mareunang bayaran.
Samangsa-mangsa asup ka hiji kota tuluy aya anu ngaku, naon bae susuguhna dahar;
lamun di dinya aya anu gering, cageurkeun. Jeung bejakeun ka urang dinya kieu, ‘Moal lila deui Karajaan Allah bakal ngadeg di dieu.’
Tapi lamun di hiji kota pribumina arembungeun narima, papay sakabeh jalanna jeung celukkeun kieu,
‘Najan sakeprul kekebul ieu kota anu nempel kana suku kaula, ku kaula dikirabkeun deui ka aranjeun! Ngan sing nyaraho, Karajaan Allah geus tereh ngadeg di aranjeun!’
Sing percaya: Dina Poe Kiamat, Allah bakal leuwih welaseun ka nagara Sadumu jeung Gomora ti batan ka eta kota!"
"Cilaka engke maneh, Korasin! Cilaka maneh, Betsaida! Lamun tea mah kaajaiban-kaajaiban anu ditembongkeun ka maraneh teh ditembongkeunana di Tirus jeung Sidon, ti bareto keneh oge urang dinya tangtu geus ngawuran maneh ku kekebul jeung marake baju karung nyirikeun tobat tina dosa-dosana.
Dina Poe Kiamat Allah malah bakal leuwih welaseun ka Tirus jeung Sidon ti batan ka maneh!
Jeung maneh deui, Kapernaum! Baruk rek ngunggahkeun maneh ka sawarga? Maneh malah bakal dijongklokkeun ka naraka!"
Geus kitu Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, "Anu nurut ka maraneh, eta nurut ka Kami; anu teu ngaku ka maraneh, eta teu ngaku ka Kami; anu teu ngaku ka Kami, teu ngaku ka nu ngutus Kami."
Tujuh puluh dua jelema anu diarutus tea geus marulang semu anu kacida barungaheunana. "Gusti," pihaturna, "roh-roh jahat oge diparentah ku abdi-abdi kalayan nyebat jenengan Gusti teh tarunduk!"
Saur Yesus, "Katenjo ku Kami Iblis teh ragrag ti sawarga kawas kilat.
Maraneh ku Kami geus dibere kawasa, pikeun nincakan oray jeung kalajengking, jeung pikeun ngelehkeun kakawasaan musuh, tur moal aya anu bisa nyilakakeun ka maraneh.
Tapi ulah bungah ku dumeh roh-roh jahat nepi ka tarunduk ka maraneh; kudu barungah teh lantaran ngaran maraneh geus ditulis di sawarga."
Waktu eta manah Yesus pinuh ku kabungah ti Roh Suci, pok ngalahir, "Nun Ama Gustina langit sareng bumi! Abdi muji sukur, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun. Leres, ieu anu nyukakeun manah Ama teh."
Pilahir-Na deui, "Sakabeh hal ku Rama Kami geus diserenkeun ka Kami. Taya nu nyaho ka Putra, ngan Rama anu uninga. Taya nu nyaho ka Rama salian ti Putra jeung jelema-jelema anu ku Putra kapilih diwawuhkeun ka Rama."
Ti dinya sasaurana-Na teh ngan pikeun murid-murid-Na wungkul, kieu saur-Na, "Maraneh kacida untungna geus narenjo perkara-perkara anu ayeuna geus nembrak ka maraneh!
Kami ngabejaan, loba nabi jeung raja-raja anu harayangeun nenjo perkara anu geus katarenjo jeung kadarenge ku maraneh teh, tapi teu kalaksanakeun."
Aya hiji guru Toret ngadoja kieu ka Yesus, "Guru, lamun kaula hayang bisa hirup langgeng, kaula kudu kumaha?"
Waler Yesus, "Kumaha ceuk Kitab Suci? Kumaha pamanggih anjeun tina hal eta?"
Tembalna, "‘Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, sing sakuat-kuat jeung sabudi akal,’ jeung ‘Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’"
"Bener kitu," waler Yesus, "pek eta lampahkeun, tangtu anjeun hirup."
Tapi eta guru agama teh hayang ngabenerkeun maneh, tuluy nanya, "Saha batur kaula teh?"
Waler Yesus, "Sakali mangsa aya hiji jelema mudun ti Yerusalem ka Yeriho. Di tengah jalan ditarajang ku begal, dirangsadan jeung dirogahala nepi ka satengah paeh, tuluy ditaringgalkeun.
Kabeneran aya hiji imam leumpang nyorang jalan eta. Nenjo anu ngajoprak teh tuluy ngejat ka sisi sejen, leumpangna terus kebat.
Lar deui saurang, urang Lewi ngaliwat ka dinya. Ret nenjoeun ka nu ngajoprak, tuluy ngejat ka sisi sejen, leumpangna terus kebat.
Tapi aya hiji jelema urang Samaria ngaliwat ka dinya. Ari ret awas ka nu ngajoprak liwat saking watireunana.
Geuwat diburu, raheut-raheutna dikucuran ku minyak jeung anggur tuluy dibeberan; geus kitu ditumpakkeun kana sato tutumpakanana, dibawa ka hiji losmen terus dipulasara.
Poe isukna eta urang Samaria teh mikeun duit dua uang perak ka nu boga losmen. ‘Panguruskeun ieu nu gering,’ pokna. ‘Engke kuring nyimpang deui ka dieu. Sagala rupa anu ku anjeun dipake keur kaperluanana, tangtu ku kuring engke dibayar.’"
Yesus nutup pilahir-Na kieu, "Cik, ti eta tilu jelema, anu mana anu lampahna nyirikeun jadi batur jelema anu dibegal teh?"
"Anu nulunganana," tembal eta guru agama. "Tah, anjeun oge kudu kitu. Lampahkeun kitu ku anjeun," waler Yesus.
Yesus katut murid-murid angkat deui. Barang sumping ka hiji desa, Anjeunna dihaturanan linggih ku hiji wanita ngaran Marta.
Marta boga dulur awewe hiji ngaranna Maria, anu terus emok deukeut dampal sampean Gusti, ngaregepkeun cariosana-Na.
Ari Marta pakepuk sorangan keur nyayagikeun. Tungtungna marek unjukan, "Gusti, eta pun dulur ngeunah-ngeunah, abdi diantep pakepuk digawe sorangan bae. Piwarang mantuan atuh!"
Ku Gusti diwaler, "Marta, Marta! Hidep ngariripuh maneh mikiran itu mikiran ieu.
Ngan sarupa anu penting teh. Maria geus milih anu bener, sarta eta moal aya anu nyokot deui."