:

Lukas 11

1

Dina hiji poe sabada Yesus neneda di hiji tempat, disampeurkeun ku murid-Na saurang anu unjukan kieu, "Gusti, abdi-abdi wulang neneda. Yohanes oge ngawulang neneda ka murid-muridna."

2

Saur Yesus, "Kudu kieu maraneh neneda teh: ‘Nun Ama: Mugi jenengan Ama disucikeun. Karajaan Ama mugi dongkap.

3

Mugi abdi unggal dinten dipaparin tedaeun sa picekapeun.

4

Mugi dosa abdi dihapunten, sakumaha abdi oge ngahapunten ka anu midamel kalepatan ka abdi. Sareng mugi abdi ulah dipaparin cocobi anu abot.’"

5

Saur-Na deui ka murid-murid, "Upamakeun: saurang ti maraneh indit ka imah sobatna tengah peuting ngomong kieu, ‘Maap, kuring rek nginjeum roti tilu bonjor.

6

Aya kawawuhan anu keur iinditan, bieu nyimpang heula ka imah. Kuring teu boga keur nyuguhan!’

7

Upamakeun deui jawaban sobatna kieu, ‘Ngahesekeun! Geus tutulak jeung geus ngedeng jeung barudak, wegah hudangna, wegah mereanana!’

8

Cik kumaha jadina? Ceuk Kami, sanajan upama manehna embungeun hudang, embungeun nedunan najan maneh teh sobatna, tapi ku lantaran maneh keukeuh jeung teu era-era, lila-lila mah sakumaha wegaheunana ge tangtu hudang nedunan sapamenta maneh.

9

Mana ceuk Kami: Kudu daek menta, tangtu bakal dibere; kudu daek barangsiar, tangtu bakal beubeunangan; kudu daek ngetrokan tangtu bakal dipangmukakeun panto.

10

Sabab sing saha anu menta bakal dibere, nu barangsiar bakal beubeunangan, nu keketrok bakal dipangmukakeun panto.

11

Bapa mana lamun anakna menta lauk sok teh dibere oray?

12

Atawa lamun anakna menta endog sok teh dibere kalajengking!

13

Sakumaha jahatna maraneh, tangtu nyaho naon nu hade bikeuneun ka anak! Komo deui Rama maraneh nu di sawarga mah! Mantenna tangtu maparinkeun Roh Suci ka sing saha anu menta ka Mantenna."

14

Yesus tas ngusir hiji roh jahat anu pireu ti hiji jelema. Sanggeus eta roh jahat diusir, jelemana bisa deui ngomong, nepi ka jalma-jalma hareraneun.

15

Tapi aya anu ngaromong kieu, "Eta teh dibere kakawasaan ku Beelsebul, gegedug roh-roh jahat, nu matak bisaeun ngusir roh jahat anu nyurup ka jelema."

16

Sawareh deui aya anu marenta mujijat ka Anjeunna teh, majar pikeun bukti yen Anjeunna sumping ti Allah. Maranehna saenyana mah rek nyilakakeun.

17

Tapi Yesus uninga kana palikiranana, tuluy ngalahir, "Nagara anu pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila; hiji kulawarga anu anggotana pecah jeung silih musuhan, bakal paburantak.

18

Karajaan Iblis oge lamun silih perangan pada baturna, naha bisa langgeng? Ceuk aranjeun Kaula ngusir roh jahat teh make kakawasaan Beelsebul.

19

Lamun enya kitu, ari para panganut aranjeun ngusir roh jahat make kawasa naon? Mun kitu mah para panganut aranjeun sorangan ngabuktikeun yen aranjeun salah!

20

Kaula ngusir roh-roh jahat teh ku kakawasaan Allah, tur eta teh saenyana mah ciri yen Karajaan Allah geus mimiti ngadeg di tengah-tengah aranjeun.

21

Lamun jelema gagah tur lengkep pakarangna ngajaga imahna, sagala harta bandana ditanggung aman.

22

Tapi lamun manehna ditarajang sarta eleh ku anu leuwih gagah, pakarang andelanana karampas, harta bandana dibagi-bagi ku batur.

23

Jelema anu henteu satuju ka Kaula tandaning lawan; jelema anu henteu mantuan ngumpulkeun ka Kaula tandaning rek ngawut-ngawut."

24

"Lamun roh jahat geus kaluar tina nyurupna ka hiji jelema, tuluy ngatrok ka tempat-tempat anu garing, neangan enggon reureuh. Sanggeus teu manggih, ngomong sorangan, ‘Mending balik deui ka imah aing nu bareto.’

25

Tuluy balik deui, nyampak urut nyurupna teh kosong, beresih, rarapih.

26

Seug indit heula, datangna deui mawa tujuh roh anu leuwih jahat ti batan manehna, tuluy nyarurup. Tungtungna jelema anu diranjinganana teh kaayaanana jadi leuwih cilaka ti batan ti heula."

27

Ti antara jalma rea aya awewe unjukan kieu, "Ku bagja istri anu ngababarkeun sareng nginangan Juragan!"

28

Tapi waler Yesus, "Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!"

29

Jelema-jelema araya keneh. Yesus ngalahir deui, saur-Na, "Ku jarahat jelema-jelema jaman ayeuna! Maranehna marenta kaajaiban. Tapi taya deui kaajaiban anu rek ditembongkeun salian ti kaajaiban anu kasorang ku Nabi Yunus.

30

Sabab sakumaha Nabi Yunus jadi tanda ka urang Ninewe, Putra Manusa oge jadi tanda pikeun jelema-jelema jaman ayeuna.

31

Dina Poe Kiamat Ratu nagri Syeba bakal nunjuk ngadakwa ka jelema-jelema anu harirup jaman ayeuna. Sabab eta ratu geus merlukeun sumping ka Raja Suleman seja ngadangukeun ujar-ujarna anu wijaksana, dibelaan angkat sakitu jauhna. Ayeuna di dieu, Kami ngabejaan, aya anu leuwih punjul ti batan Raja Suleman.

32

Dina Poe Kiamat jalma-jalma urang Ninewe bakal nunjuk ngadakwa ka aranjeun, sabab urang Ninewe mah sanggeus ngadarenge panggeuing Nabi Yunus teh terus tarobat. Sing percaya: Di dieu aya anu leuwih luhur ti batan Nabi Yunus!"

33

"Moal aya anu nyeungeut lampu terus disumputkeun atawa dituruban ku gentong, tangtu diteundeun dina parantina sina katenjo caangna ku nu arasup ka jero imah.

34

Panon teh minangka lampu awak. Lamun panon cekas, sakujur awak caang mabra; sabalikna lamun panon surem, sakujur awak tangtu poek.

35

Ku sabab kitu sing ati-ati, caang nu aya di maraneh ulah nepi ka jadi poek.

36

Sabab lamun sakujur awak caang mabra taya anu poek, tangtu caang kabeh cara anu kasorot ku cahaya lampu."

37

Tutup Yesus sasauran, Anjeunna diangkir tuang ku hiji urang Parisi. Anjeunna sumping, terus linggih tuang.

38

Eta urang Parisi teh heraneun dumeh Yesus henteu ngumbah heula panangan.

39

Pok Anjeunna ngalahir ka manehanana, saur-Na, "Kieu: Aranjeun, urang Parisi, ibarat cangkir jeung piring anu diberesihan luarna bae, ari beulah jerona diantep pinuh ku kabengisan jeung kajahatan.

40

Aranjeun bodo! Allah ngayakeun beulah luar teh lain jeung beulah jerona oge?

41

Supaya cangkir jeung piring aranjeun beresih luar jerona sakumaha ceuk agama, sidekahkeun eusina ka nu mariskin.

42

Cilaka aranjeun, urang Parisi! Ari mere perpuluhan ka Allah gumati, nepi ka surawung, daun kasimukan jeung lalab-lalaban lianna oge dibikeun perpuluhanana. Tapi ingkar tina kaadilan jeung taya kanyaah ka Allah. Padahal nya sipat adil jeung nyaah ka Allah anu kudu dibuktikeun teh, bari henteu campoleh kana perkara sejenna.

43

Cilaka aranjeun, urang Parisi! Di imah-imah ibadah milih tempat nu pangutamana, di pasar-pasar menta disalaman jeung dipikaajrih.

44

Cilaka aranjeun! Aranjeun teh lir kuburan teu make tetenger, pada narincakan lantaran sugan teh lain kuburan."

45

"Pa Guru," ceuk hiji guru agama, "golongan sim kuring milu kahina ku ucapan Pa Guru!"

46

Waler Yesus, "Aranjeun oge cilaka, guru-guru agama! Taktak batur dibegbregan leuwih ti misti, aranjeun sorangan teu ngutekkeun ramo-ramo acan keur ngenteng-ngenteng kabeurat batur.

47

Cilaka aranjeun! Kuburan nabi-nabi ku aranjeun dialus-alus, nabi-nabi anu diparaehan ku karuhun aranjeun tea!

48

Eta teh tandaning ngaku satuju kana kajahatan karuhun aranjeun ka nabi-nabi. Karuhun aranjeun anu maehanana, aranjeun anu nyieun kuburanana.

49

Paingan aya sabda Kawijaksanaan Allah kieu, ‘Kami rek ngirimkeun nabi-nabi jeung utusan-utusan, sawareh bakal diparaehan, sawareh deui bakal dikaniaya.’

50

Ku sabab eta, jelema-jelema nu hirup di jaman ayeuna bakal disiksa ku tina kajahatanana; ti barang dunya mimiti diadegkeun maranehna geus prak maehan nabi-nabi,

51

mimiti ti semet Habil nepi ka waktu maehan Jakaria anu dirogahala di antara altar jeung Tempat Suci. Sing percaya, jelema-jelema jaman ayeuna teh tangtu meunang siksaan tina sagala kalakuanana!

52

Cilaka aranjeun, guru-guru agama! Konci paragi muka panto kanyaho dikekewek, ari heug aranjeun sorangan embung asup, batur nu rek arasup dihalang-halang!"

53

Sanggeus Yesus angkat ti dinya, teu kira-kira pada ngagogorengna ku urang Parisi jeung guru-guru agama. Anjeunna diteregteg ku rupa-rupa sual.

54

Nu dipalar ku maranehna sangkan Yesus sasaurana-Na salah.

Link: