:

Lukas 13

1

Harita aya anu arunjukan ka Yesus, nyaritakeun yen aya urang Galilea anu diparaehan ku Pilatus waktu keur ngalurban ka Allah.

2

Waler Yesus, "Dumeh eta urang Galilea kitu diparaehanana, ku maraneh dikira leuwih beurat dosana ti batan urang Galilea sejenna?

3

Lain kitu! Kami ngingetan, maraneh oge lamun henteu tarobat mah bakal paraeh cara kitu.

4

Kumaha ari jelema-jelema anu dalapan welas urang, anu tariwas lantaran katinggang munara rubuh di Siloam? Rek dikira nandakeun dosa maranehna leuwih gede ti batan dosa-dosa urang Yerusalem lianna?

5

Sama sakali lain kitu! Kami ngingetan, maraneh oge lamun henteu tarobat mah bakal paraeh kawas kitu."

6

Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil, "Aya hiji jelema, boga hiji tangkal kondang di kebon anggurna, tuluy diilikan sugan aya buahna, tapi teu manggih.

7

Tuluy ngomong ka tukang kebonna, ‘Tenjo, geus tilu usum ieu tangkal kondang ku kami diilikan buahna, teu manggih hiji-hiji acan. Tuar! Ngan nyeuseupan taneuh bae.’

8

‘Sawios heula Juragan sataun deui mah,’ tembal tukang kebonna, ‘bade dikali sakurilingna dipasihan berak.

9

Upami taun payun buahan atuh langkung sae, upami angger teu buahan, mangga tuar.’"

10

Dina hiji poe Sabat Yesus ngawulang di hiji imah ibadah.

11

Di dinya aya hiji awewe anu gering ngareunggeuy geus dalapan welas taun lantaran diranjingan ku roh jahat; awakna mani bengkung teu bisa lempeng saeutik-eutik acan.

12

Ku Yesus ditingalian sarta saur-Na, "Geus cageur panyakit teh, Ibu!"

13

Awakna ku Anjeunna tuluy dirampa. Eta awewe ngalempengkeun awakna, harita keneh cageur, lempeng ajeg sabiasa, pok bae muji ka Allah.

14

Nenjo Yesus nyageurkeun dina poe Sabat, kapala imah ibadah teh ambekeun tuluy ngomong ka nu loba, pokna, "Aya genep poe pikeun digawe teh. Rek marenta dicageurkeun mah kudu dina poe-poe eta, ulah dina poe Sabat!"

15

Ku Gusti diwaler, "Anjeun munapek! Geuning dina poe Sabat oge jelema-jelema sok ngalaleupaskeun cangcangan sapina atawa kaldena ti jero kandang, tuluy digiring rek diinuman.

16

Ari ieu, awewe turunan Ibrahim, geus dalapan welas taun dibakutet ku Iblis, naha make teu meunang dibebaskeun pedah dina poe Sabat?"

17

Diwaler kitu lawan-lawan Yesus kacida areraeunana. Nu sejen-sejenna mah narenjo damel Yesus anu sakitu ajaibna teh kacida sarukaeunana.

18

"Karajaan Allah teh bisa diibaratkeun naon?" Yesus mariksa. "Naon nu bisa dipake ibaratna?

19

Ibarat siki sasawi, ku jelema dipelakkeun di kebonna, tuluy jadi tangkal, manuk-manuk nyarieun sayang dina dahan-dahanna."

20

"Kana naon deui Karajaan Allah teh bisa dimisilkeunana?" Yesus mariksa deui.

21

"Ibarat ragi, ku awewe dipurulukkeun jeung digalokeun kana adonan tipung tilu puluh genep liter, adonanana beukah kabeh."

22

Yesus angkat mapay kota-kota jeung desa-desa, ngawulang ka jelema-jelema, maksad-Na rek terus ka Yerusalem.

23

Aya anu arunjukan ka Anjeunna, pokna, "Juragan, leres anu baris saralamet teh mung saeutik?" Waler Yesus,

24

"Maraneh kudu sateka-teka asup liwat panto anu kacida sempitna; sabab anu harayangeun asup mah loba, tapi henteu barisaeun.

25

Nu boga eta imah hudang nulakan eta panto. Ana maraneh ka dinya jeung keketrok ti luar bari ngalengis, ‘Juragan, pangmukakeun!’ bakal diwaler kieu, ‘Kami teu nyaho maneh anu ti mana!’

26

Ari ceuk maraneh, ‘Abdi-abdi kantos neda, nginum, sasarengan sareng Juragan. Juragan kantos ngawulang di desa abdi-abdi!’

27

Tapi saur nu boga eta imah, ‘Kami teu nyaho maraneh anu ti mana. Ka daritu nyingkah, jelema-jelema jahat!’

28

Maraneh tinggal tinggarerung nepi ka tikekereket, narenjo Ibrahim, Ishak, Yakub, jeung nabi-nabi geus araya di jero Karajaan Allah, ari maraneh diusir teu meunang arasup.

29

Jelema-jelema sejen mah nu ti wetan nu ti kulon, nu ti kaler nu ti kidul, daratang ka Karajaan Allah marilu ngariung pesta.

30

Kitu jadina, nu ayeuna kapandeurian engke bakal ti hareula, nu ayeuna geus ti hareula bakal kapandeurian."

31

Geus kitu harita aya sawatara urang Parisi anu ngaromong kieu ka Yesus, "Anjeun kudu geuwat kaluar ti daerah ieu ka mana bae, sabab rek dipaehan ku Herodes."

32

Waler Yesus, "Bejakeun ka eta ajag, ‘Kaula poe ieu jeung isukan masih keneh ngusir roh-roh jahat jeung nyageur-nyageurkeun nu garering, sarta dina poe nu katilu Kaula rek ngarengsekeun pagawean.’

33

Tapi poe ieu, isukan jeung pageto, Kami rek neruskeun ieu perjalanan, sabab teu hade nabi mah dipaehan di mana-mana lamun lain di Yerusalem.

34

Yerusalem, Yerusalem! Maneh geus maehan nabi-nabi, maledogan utusan-utusan Allah ka maneh ku batu! Sering pisan Kami nyileuk hayang ngarangkul rahayat maneh cara hayam nyirekeman anak-anakna ku jangjangna, tapi maneh embung!

35

Ku sabab kitu Bait Allah anu maneh bakal pada naringgalkeun. Inget, maneh moal nenjo-nenjo Kami deui, nepi ka datang mangsana maneh ngucapkeun kieu, ‘Mugia diberkahan ku Allah anu sumping kalawan pajenengan Pangeran.’"

Link: