:

Lukas 14

1

Dina hiji poe Sabat Yesus tuang di imah salah sahiji urang Parisi anu kapandang. Anjeunna kacida pada ngarawaskeunana.

2

Sabot kitu, aya jelema nyampeurkeun ka Anjeunna, suku jeung leungeunna barareuh.

3

Yesus mariksa ka guru-guru agama jeung urang Parisi, saur-Na, "Kumaha Hukum Agama urang ngidinan nyageurkeun dina poe Sabat?"

4

Maranehna teu ngajarawab. Ti dinya eta jelema teh ku Anjeunna dicepeng terus dicageurkeun, geus kitu dipiwarang indit.

5

Anjeunna ngalahir ka maranehna, "Kumaha lamun anak atawa sapi aranjeun tigebrus ka jero sumur dina poe Sabat, moal waka buru-buru ditulungan?"

6

Maranehna taya nu barisaeun ngajawab.

7

Ku Yesus katiten aya tamu-tamu anu paheula-heula nyokot tempat anu utama; pok ngalahir ka maranehna,

8

"Lamun diondang ka nu hajat kawinan, ulah ngadiukan korsi kahormatan. Boa teuing aya ondangan sejen anu harkatna leuwih ti batan aranjeun,

9

bisi kieu ceuk pribumi ka aranjeun, ‘Ngalih, ieu mah haturan Juragan Anu.’ Tangtu kaisinan, tur kudu diuk di tempat pangtukangna.

10

Nu matak ari diondang teh mending milih tempat pangtukangna, sangkan ku pribumi diangkir, ‘Sae ngalih ka ditu ka payun, langkung raos.’ Puguh bae matak naek darajat, kapandang ku tamu-tamu sejen.

11

Sabab saha-saha anu ngaluhurkeun maneh tangtu dihandapkeun, jeung saha-saha anu ngahandapkeun maneh tangtu dijungjung luhur."

12

Geus kitu Yesus ngalahir ka pribumi, "Lamun ngondang pesta dahar, beurang atawa peuting, ulah ngondang babaturan atawa duduluran atawa babarayaan atawa tatangga beunghar. Maranehna mah puguh bae bisa ngabales ngondang, jadi eta kahadean anjeun teh kabales.

13

Jadi ari pesta, nu kudu diarondang teh jelema-jelema anu mariskin, anu caracad, anu lalumpuh, anu lalolong;

14

geus tangtu eta kahadean anjeun teh jadi berkah ka anjeun, da nu karitu mah pimanaeun bisa ngabales kahadean anjeun. Nya Allah anu bakal ngabales eta kahadean anjeun teh, dina poean dihirupkeunana deui jelema-jelema anu harade hate."

15

Salah saurang ti nu dalahar di dinya, ngadenge Yesus nyarios kitu teh mihatur ka Anjeunna, "Tada teuing bagjana dariuk dina pesta di Karajaan Allah!"

16

Waler Yesus, "Aya anu nyieun hajat gede, ngondangan rea pisan.

17

Sanggeus hajatna geus rek ngamimitian, nu rek hajat teh nitahan bujangna ngahaturanan para ondangan, ‘Mangga sarumping, parantos sayagi.’

18

Tapi nu diarondang teh patuturut marenta ditawakup. Ceuk nu kahiji ka bujang, ‘Hampura bae, rek ngilikan kebon kakara beunang meuli.’

19

Ceuk anu saurang deui, ‘Hampura bae, rek nyoba sapi lima rakit kakara beunang meuli.’

20

Ceuk nu saurang deui, ‘Teu bisa datang, kakara tas kawin.’

21

Ku bujang teh ditepikeun ka dununganana yen kitu. Dununganana kacida ambekeunana, tuluy ngomong ka bujangna, ‘Geuwat ka ditu neangan nu sejen ka jalan-jalan jeung gang-gang. Nu miskin, nu cacad, nu deog, nu lolong, sina daratang ka dieu.’

22

Bujang geus datang deui, bebeja, ‘Parantos, Juragan, nanging aya keneh tempat anu kosong.’

23

Dununganana marentah deui, ‘Neangan deui ka ditu ka jalan-jalan gede jeung simpangan-simpanganana, arajakan ka dieu, imah kami sina pinuh.

24

Keun jelema-jelema anu diarondang mah, saurang oge moal aya anu disina ngasaan susuguh pesta kami!’"

25

Hiji mangsa anu naluturkeun ka Yesus kacida lobana. Anjeunna nyoreang tuluy ngalahir,

26

"Saha bae oge moal aya anu bisa jadi murid Kami, kajaba lamun leuwih beurat ka Kami ti batan ka bapana jeung ka indungna, ka pamajikanana jeung ka anak-anakna, ka dulurna nu lalaki nu awewe, jeung ka dirina sorangan oge.

27

Saha bae oge ari embung manggul salibna jeung nuturkeun Kami, moal bisa jadi murid Kami.

28

Upamana, ti maraneh aya anu boga maksud nyieun munara, tangtu diuk heula ngitung-ngitung piwaragadeunana, hayangeun nyaho naha duitna teh picukupeun atawa moal dipake nganggeuskeun pagaweanana.

29

Sabab lamun duitna teu cukup, munarana moal anggeus, semet bisa masangkeun pademenna. Lamun nepi ka kitu tangtu pada nyaleungseurikeun jeung ngaromongkeun,

30

‘Ieu jelema ngadegkeun teh ngan bisa ngamimitian teu bisa nganggeuskeun!’

31

Upamana deui, hiji raja anu baladna sapuluh rebu, kaluar rek ngayonan raja sejen anu baladna dua puluh rebu. Eta raja tangtu ngijir heula pikuateun atawa moal lamun terus ngalawan.

32

Lamun geus kataksir moal kuat tangtu ngirim utusan ka raja lawan meungpeung lawanna jauh keneh, ngajak badami sangkan ulah jadi perang katut jeung menta sarat-saratna.

33

Maraneh oge saperti kitu, lamun teu iklas ngorbankeun sagala rupa, moal aya anu bisa jadi murid Kami."

34

"Uyah teh hade, tapi lamun upamana asinna leungit, taya jalan bisa asin deui.

35

Kana taneuh matak teu hade, dijieun gemuk teu bisa, tinggal miceun. Pek darenge lamun baroga ceuli!"

Link: